Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/110

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
103
  1. Mapan geus aja tjatjandran, paribasa pitoetoer nini-aki, ratoe eta tara poegoer, menak tara moenggaran, teu djamoega djalma ngamoesoeh ka ratoe, njai patih ngawalonan, barina soemĕgroek nangis.
  2. Lamoen kakang teu ngamanah, sapihatoer Andakasoera tadi, koering teh amit rek moendoer, tjitjing taja gawena, leuwih hade ngoentjloengkeun maneh ka soemoer, hiroep ge taja oenggahna, ti bareto djadi patih.
  3. Ajeuna aja lantaran, meungpeung ratoe ajeuna eukeur sĕpi, parabot reja noe kantoen, balad reja noe tinggal, keur balandja goedang oewang kabeh pinoeh, sakabeh mantri-ponggawa, ka gamparan meureun ngiring.
  4. Djeung ratoe oepama naga, moen geus bidjil tina sajangna tadi, tangtoe hĕnteu meunang asoep, ratoe ngareh nagara tjara kitoe, moen geus bidjil ti kadaton, apĕs teu aja djajana, teu daekeun mĕnjat deui.
  5. Ki patih soesah manahna, mandĕg majong geus loewak-lejok pikir, ras ka pajoen ras ka poengkoer, saoepama kijara kaänginan, tjondong ngaler tjondong ngidoel, ari ras abot ka garwa, manahna goembira wani.
  6. Ari ras bisi teu tahan, eleh djaja ki patih maras-miris, garwana njaho di sĕmoe, toeloej bae ngatijan, kakang ijĕh moen di lĕmboer kajoe randoe, pake toelak panto anggang, dipake pantjir ngadjĕdig.
  7. Dipake pantjar teu roehaj, moen dipake lakop bilik sok bĕntik, dipake pamikoel bĕngkoeng, dipake lintjar anggang, taja gawe dipake haloe ngadjĕboeg, ngeplek djawer ngandar djangdjang, mijoeni hajam kabiri.
  8. Patih tjĕngkat bari njĕntak, ngoesap raraj barina moeril koemis, kami teu sijeun koe ratoe, moen geus bidjil amarah, opat poeloeh noe pantar si Pandji Woeloeng, teu miris boeloe salambar, patina ĕnggeus katjangking.
  9. Koewat keneh nja tanaga, kadjeun tambah sapoeloeh kitoe