Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/111

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
104
    deui, mowal moeringkak nja poendoek, njai oelah salĕmpang, pantĕs tĕmĕn njai dipajoengan agoeng, kadeuleu lteuing lĕjarna, doenoengan kakang noe geulis.
  1. Bari ladjĕng ka paseban, ki Andakasoera disaoer deui, teu lila Andaka djĕboel, ki patih ngagoepajan, sĕr ka dijeu ki Andaka oelah djaoeh, kawoela rek rĕrĕmpoegan, lampah pihatoer kamari.
  2. Ki Andaka madjoe nĕngah, sĕmoe atoh rasa bakal ngadjadi, ngadjakna ngamoesoeh ratoe, raden patih ngandika eh Andaka kawoela menta pirĕmpoeg, akal tarekah andika, pigeusaneun malik djoerit.
  3. Moesoeh ngalawan djoeragan, palangsijang oerang teh mowal mahi, sarta sijeun hanteu rĕmpoeg, reudjeung para ponggawa, ki Andaka soera njĕmbah bari matoer, rasa koering mowal gagal, soepaja kabeuli-beuli.
  4. Gamparan gĕde bahañna, pigeusaneun ngalap ati pra mantri, goedang oewang kabeh pinoeh, sarta koedoe sanggoepan, moen geus meunang naek djĕnĕng tambah oentoeng, sarta ditambah rahajat, tangtoe kabita koe hasil.
  5. Djalma noe hiroep di doenja, karejaän ngan hasil noe dipambrih, reja noe bĕngkah djeung doeloer, tina parĕboet doenja, langkoeng sae ajeuna kabeh salaoer, koering mangke noe madoewan, lamoen aja noe teu ngiring.
  6. Rek ngabejakeun karĕpna, mowal ĕnja djalma teu hajang moekti, lamoen aja noe moentjoegoeg, mawa bĕnĕr sorangan, hanteu miloe rĕmpoeg ragĕm reudjeung batoer, asoepkeun kana pandjara, bisi noelar mawa djĕrih.
  7. Koe ki patih geus kamanah, hanteu pisan make dipikir deui, wantoe kabawa koe napsoe, kagĕndam koe geureuha, noe katingal mamanisna djadi ratoe, toeloej bae miwarangan, ngoempoelkeun ponggawa mantri.
  8. Teu lila kabeh daratang, raden patih njaoer sĕmoena manis, he kabeh sanak sadoeloer, koela nĕda pirĕmpag, reh