Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/112

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
105
    ajeuna asal ditinggal koe ratoe, diratoewan sedjen bangsa, pikir koela langkoeng risi.
  1. Tangtoe pisan lawas-lawas, oerang kabeh dipotjat mowal kari, kadjĕnĕngan oerang toempoer, diganti koe bangsana, leuwih hade was pisan ngadjadi satroe, toer oerang reja pakakas, obat mimis tangtoe mahi.
  2. Pibĕkĕleun mowal koerang, oesoem panen anjaran roempak djami, goedang oewang kabeh pinoeh, mowal koerang balandja, koela kaoel lamoen geus djoemĕnĕng ratoe, andika kabeh diangkat, sarta ditambahan hasil.
  3. Mantri ponggawa noe reja, pada keuna koe woedjoek omong manis, sadaja hatoer soemoehoen, rĕmpoeg papag koe pĕdang, koering wani ngalawan si Pandji Woeloeng, ngan aja hidji ponggawa, sĕpoeh boga tĕmah wadi.
  4. Ngahoelĕng teu ngawalonan, sĕmoe koetjĕm koe ki patih kasoerti, ti dinja toeloej disoesoel, paman Martadigoena, koela menta wangsoelan koemaha rĕmpoeg, ngabeui Martadigoena, ngawangsoel ka raden patih.
  5. Ari moenggoeh poen paman mah, hanteu rĕmpoeg eta larangan aki, djalma ngamoesoeh ka ratoe, oerang teh mowal tahan, meureun bae sakĕdapan oerang oenggoel, tapi mowal ngĕne lila, toengtoengna diboerak-barik.
  6. Itoe mah reja akalna, reudjeung reja noe pinoeloengeun deui, ramana djoemĕnĕng ratoe, malah djaba ti dinja, radja Gilingwĕsi tangtoe meureun noeloeng, di mana djalana meunang, oerang ditingkĕr koe baris.
  7. Koe poen paman geus katingal, tangtoe dajeuh Tjĕmpa diboerak-barik, moegi adjĕngan ngagoegoe, kapihatoer poen paman, poen Andakasoera aloerna wawadoel, baheula geuning koemaha, adjĕngan kawas geus lali.
  8. Ngakoe meunangkeun Panglima, kari-kari toengtoengna manggih boekti, tjatoer wawadoel maloeloe, sarĕng moenggoeh adjĕngan, koedoe eling jen dipĕrtjaja koe ratoe, kalangkoeng dipikanjaäh, ajeuna malĕs koe dĕngki.