Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/114

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
107
    Dewasakti, koering tampi sĕrat, powe ijeu soempingna, soeka boengah Dewasakti, nja kabĕnĕran, teu kĕsĕl toenggoe deui.
  1. Marjĕm kabeh eusijan oelah kaliwat, baris masing tarapti, mangke ana datang, kapal geus laboeh djangkar, meureun njeungeut marjĕm deui, tjara loewangna, ti oerang balĕs deui.
  2. Make pelor bĕnĕrkeun kana kapalna, oelah rek inggis-inggis, ki Soera Andaka, kapala hoeloe balang, njoemoehoenkeun sapilahir, sĕmoe tangginas, peuteukeuh tjakah-tjikih.
  3. Ngoesap koemis tanggah barina soesoembar, tjoba lijat lah nanti, di dalĕm pĕprangan, goewa poenja bijasa, dan goewa poenja barani, mĕnangkĕn radja, tijada takoet mati.
  4. Katjarita sang praboe Dewakoesoemah, ka palaboewan soemping, geus laboeh djangkarna, sarta goeloeng lajarna, koemaha tali paranti, djĕdoer marjĕmna, tata adat sasari.
  5. Ti daratan malĕs marjĕm dieusijan, soerak kawas kaindit, mimis kawas hoedjan, pelor keuna ka kapal, aja kapal ngadjoempalik, kalĕboeh pisan, sabab teu taki-taki.
  6. Praboe Dewakoesoemah heran manahna, naha teu njana teuing, tina taja tĕrka, ijeu saha noe boga, atoeran mapag koe mimis, ladjĕng sang radja, lajar ka tĕngah deui.
  7. Mantri-mantri ponggawa ti sedjen kapal, ngadareuheus ka goesti, sadajana heran, tatjan pisan kamanah, toeloej aja hidji mantri, noempakan sampan, sĕdja ngoengsi ka goesti.
  8. Ngaran mantri ngabeui Djajapĕrbangsa, datang barina tjeurik, sang praboe mariksa, paman geura bebedja, koela bingoeng tatjan ngarti, Djajapĕrbangsa, njĕmbah barina tjeurik.
  9. Abdi dalĕm soemĕdja hatoer oeninga, lampah satilar goesti, poen Andakasoera, dongkap ka dajeuh Tjĕmpa, ngagoda rahaden palih, ngadjak ngalawan, nanging rahaden patih.
  10. Pageuh hanteu obah boeloena salambar, malah diwangsoel bĕngis, ladjĕng ki Andaka, ngagĕndam geureuhana, wantoe-wantoe watĕk istri, babari beunang, diwoedjoek omong manis.