Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/115

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
108
  1. Di wawaäs djadi prameswari radja, diiring para abdi, nganggo oepatjara, angkat dipadjĕng gilap, gantjang kagoda nji patih, ladjĕng ngagoda, ngagĕndam raden patih.
  2. Raden patih sabab abot ka geureuha, tĕmah lali ka goesti, gantjangna ngamanah, sapihatoer Andaka, ngoempoelkeun ponggawa mantri, ngadjak ngalawan, mapag рĕгаng ka goesti.
  3. Аbdi dalĕm ngabeui Martadigoena, ngatoerkeun tĕmah wadi, jen oelah ngalawan, pirang-pirang tĕmahna, pamali pitoetoer aki, ngamoesoeh menak, matak tjilaka diri.
  4. Раribasa patjikrak ngalawan mĕrak, nadjan gĕde kawani, mowal ĕnja tahan, eta kitoe tĕmahna, koe ki patih teu ditampi, anggoer katjida, bĕndoena raden patih.
  5. Ladjĕng bae ki ngabeui dipandjara, djeung anakna lalaki, ngaran Кĕrtibaja, tina geus kaangsonan, koe poen Аndaka noe djoelig, mesĕm sang radja, ngadangoe hatoer mantri.
  6. Маtoer deui ngabeui Djajapĕrbangsa, malah ajeuna patih, geus di palaboewan, sarta salin djĕnĕngan, maha radja Dewasakti, Andakasoera, didamĕl Senapati.
  7. Аri anoe didjĕnĕngkeun papatihna, rangga Soedirapati, sri Dewakoesoemah, mesĕm ladjĕng ngandika, ajeuna mah geus kaharti, hajoe taradjang, djamak anak lalaki.
  8. Kаtjarita aja kapal katingalan, kadalapan saketji, kapal ngadeukeutan, pada geus sili tanja, telela ti Gilingwĕsi, ladjĕng radjana, loengsoer marĕk ka goesti.
  9. Geus patĕpang djeung praboe Dewakoesoemah, doewanana narangis, ĕnggeus diwartosan, salampahna sadaja, ti awal nĕрi ka ahir, sarĕng ajeuna, ki patih geus ngalindih.
  10. Radja Gilingwĕsi koemĕгot waosna, bari matoer ka goesti, noen moegi gamparan, montong rek geder manah, sim koering bae pribadi, noe ngamoek inja, djeung abdi Gilingwĕsi.
  11. Kоеring poerwa enggal ngaboedjĕng gamparan, asalna koering ngoeping, ti nangkoda kapal, poelang dagang ti Тjĕmра,