Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/116

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
109
    jen poen patih gindi pikir, rek mapag pĕrang, sim koering geuwat indit.
  1. Diwalonan koe radja Dewakoesoemah, kakang soekoer teh teuing, aja pitoeloeng mah, ka awak djasad koela, sanadjan koela pribadi, sĕdja njarĕngan, ngadoekeun poetjoek kĕris.
  2. Ladjĕng radja Gilingwĕsi amit njĕmbah, moendoer rek tata baris, ngeusijan marjĕmna, dibĕnĕrkeun ka darat, djangkarna ĕnggeus didjait, ngangsĕg ka darat, ditoeroegtoeg koe bĕdil.
  3. Taja tempo mimis kawas hoedjan boewah, oerang Tjĕmpa geus miris, rada oendoer toekang, baris mawa ka tĕngah, pradjoerit ti Gilingwĕsi, ĕnggeus harandjat, ngamoekna ngoewak-ngawik.
  4. Radja Gilingwĕsi sabanteng bajangan, salira mandi gĕtih, sang Dewakoesoema, sabaladna geus handjat, ki dĕmang Oerawan singkil, matĕk badina, djeung sakabeh pradjoerit.
  5. Rame tjampoeh sili tĕwĕk sili toembak, sili tjabok tampiling, aja noe sili doepak, sili pinggĕskeun iga, aja anoe sili bĕdil, powek haseupna, taja noe njĕboet adjrih.
  6. Rame sora pakarang pating karĕplak, djeung sora anoe tjeurik, bangke pagoletak, soesoen patoempang-toempang, geus kawas babadan patjing, pating soelajah, Dewasakti ngabĕtjir.
  7. Ki Andaka loempat ninggalkeun gagaman, mitjeun parabot djoerit, njalin papakejan, make parabot goendal, sĕrwal pokek badjoe rĕbig, moeboes ka hoema, manggih ĕnggon noe boeni.
  8. Balad Tjĕmpa sanggeus maboer ki Andaka, tobat njanggakeun diri, ngahoeroen pakarang, praboe Dewakoesoemah, manahna ngĕnĕs ningali, toeloej nimbalan, ka radja Gilingwĕsi.
  9. Kakang praboe itoe kabeh balad Tjĕmpa, ponggawa para mantri, geura bere pĕrnah, oelah dikanijaja, maha radja Gilingwĕsi, hatoer soemangga, noehoen sadawoeh goesti.