Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/117

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
110
  1. Doewa radja ĕnggeus pada masangrahan, kabeh ponggawa mantri, pada ĕnggeus mĕrnah, tjarape mĕntas pĕrang, sawareh aja noe tjeurik, njĕri raheutna, raheut awak djeung ati.
  2. D A N G D A N G G O E L A.

  3. Praboe Dewakoesoemah geus tjalik, radja Gilingwĕsi ngadeuheusan, para mantri koempoel kabeh, dĕmang arja toemĕnggoeng, kandoeroewan rangga ngabeui, para ponggawa Tjĕmpa, bojongan karoempoel, ngandika Dewakoesoemah, hanteu njana bapa patih gindi pikir, boro koela pĕrtjaja.
  4. He pra mantri ajeuna arindit, mawa djalma, ngoeboeran babatang, reudjeung oenggal-oenggal bangke, tĕgĕskeun masing poegoeh, bisi bangke kijai patih, djeung bangke si Andaka, oelah waka koeboer, bawa ka dijeu heulaän, koela sono geus lawas hajang papanggih, mantri hatoer soemangga.
  5. Kangdjĕng radja toeloej djĕngkar deui, mapag garwa, ki dĕmang Oerawan, dipiwarang dago bae, sarĕng para toemĕnggoeng, para mantri ti Gilingwĕsi, sang radja nitih sampan, gantjangna geus tĕpoeng, sarĕng kangraji di kapal, prameswari ngarontok barina nangis, dipondah dioepahan.
  6. Poma njai repeh oelah nangis, oerang Tjĕmpa geus eleh pĕrangna, ponggawa geus taloek kabeh, ngan bapa patih kaboer, si Andaka tatjan kapanggih, ajeuna keur disĕbar, ka leuweung ka goenoeng, pawarang lĕdjar nangisna, si Andaka naha mana goreng teuing, toekang goda rantjana.
  7. Bapa patih salawasna bĕrsih, tatjan aja pisan lampah tjidra, kakara ajeuna bae, sri maha radja njaoer, kakang oge njaăh teh teuing, nadjan ajeuna kakang, taja pikir poendoeng, gorengna aja lantaran, dirantjana koe si Andaka noe dĕngki, mawa tiwas sadjagat.
  8. Hajoe njai masing gasik-gasik, oerang handjat, oelah sok