Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/118

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
111
    disĕlang, prameswari ladjĕng nganggo, ti dinja ladjĕng loengsoer, nitih sampan radja djeung poetri, garwa para ponggawa, geus toenggang parahoe, diboseh tjara madoera, dikawihan matak waäs matak kĕtir, ĕnggeus dongkap ka darat.
  1. Ladjĕng handjat angkat di basisir, pada njatjat angkat lalaoenan, teu lila soemping ka pondok, toeloej sang poetri njaoer, ngawĕwĕleh ka para mantri, para ponggawa Tjĕmpa, noe geus pada taloek, he kabeh para ponggawa, hanteu njana naha mana gindi pikir, hanteu ingĕt ka ama.
  2. Para mantri njĕmbah bari tjeurik, kabeh-kabeh njanggakeun pĕrtobat, ngan watĕs ajeuna bae, koering kitoe nja lakoe, lampah tjidra bengkok ka goesti, lamoen mangke kasorang, moegi koering toempoer, loedĕs toedjoeh patoeroenan, prameswari ngawangsoel koela nja saksi, sarta saksi jang Soekma.
  3. Radja Gilingwĕsi njaoer bĕngis, lamoen aja widi gamparan mah, djalma sakijeu ngaderes, koering sorangan sanggoep, neukteuk beuheung djeung ngeureut tjeuli, raden dĕmang Oerawan, ngeser bari noendjoek, ka sakabeh mantri Tjĕmpa, lamoen kami meunang paidin ti goesti, maneh kabeh ditilas.
  4. Para mantri toengkoel sĕmoe adjrih, ningal oelat, ki dĕmang Oerawan, kĕsit palatat-polotot, sĕmoe hajang pek noemboek, kangdjĕng radja alon ngalahir, adi dĕmang Oerawan, poma oelah kitoe, meureun bae ambĕkna mah, tapi koedoe gĕde timbangan djeung adil, loembrah kaloeloepoetan.
  5. Nadjan moesoeh moen geus sĕrah diri, moenggoeh ratoe, wadjib ngahampoera, ngeunakeun bobot pangajon, lamoen ngaladjoer napsoe, ĕnja bae hajang nampiling, raden dĕmang Oerawan, njĕmbah sarta matoer, agoeng bĕbĕndoe gamparan, djisim abdi tina koe baning idjid, roemaos kalĕpalan.
  6. Di plaboewan ngan meunang sawĕngi, isoek-isoek radja toeloej djĕngkar, aleutan tjara bareto, oemboel-oemboel mĕlĕngkoeng, lawerontek djadjar ngabaris, radja nitihan koeda, tjongklang manggoet-manggoet, diaping koe kadjinĕman, di