Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/121

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
114
    katja, tapi langkoeng-langkoeng, sim abdi njoehoenkeun djiad, moegi-moegi oelah ditjondongkeun pikir, kana lampah noe salah.
  1. Moegi-moegi tĕtĕp djisim abdi, koemawoela ka linggih gamparan, oelah gadoeh ati serong, salamina rahajoe, paniatan diri sim abdi sĕdja ngalĕboer tapak, soemoengkĕm soemoedjoed, taja pigeusaneun poelang, sĕdja bela lali pati tega rabi, saksi anoe wisesa,
  2. Noe ngadangoe walon raden Patih, tjoemalimba tina matak wĕlas, Radja bidjil tjikaseër, kagagas manah Praboe eling eukeur djamaña tadi, waktoe pada masakal, tĕpoeng di parahoe, Radja njaoer doemareuda, ĕnggeus adi kakang kahoedang nja pikir, rea noe kaingĕtan.
  3. Moega-moega oerang tĕtĕp moekti, masakatna da ĕnggeus kasorang, ti bareto hese tjape, tina asih noe Agoeng, kakang djadi pamĕngkoe boemi, adi djadi wakilna, moega masing loeloes, kakang oepama djĕrona, adi loewar sapapait samamanis, sabagdja satjilaka.
  4. Soesoegoehna ti djĕro geus bidjil, ladjĕng bae Radja pada toeang, katoeangan noe araheng, sanggeus toewang diloengsoer, geus dirorod ka raden Patih, sarta para ponggawa, dalahar ngarioeng, langkoeng pada soeka-manah, sanggeus kitoe sang radja moelih ka boemi, noe ngadeuheus boebaran.
  5. Radja Gilingwĕsi ĕnggeus moelih, masanggrahan di karang kapoetran, oenggal isoek oenggal sore, menak-menak karoempoel, sarta ladjĕng sang Praboe linggih, ka pakoewon kapoetran, raden Patih toemoet, noe ditjatoer salamina, taja deui ngan elmoe pamĕngkoe boemi, tata ngoeroes nagara.
  6. Noe ditjatoer kamoekten noe leutik, kasoekana sarta kasoesahna, reudjeung pakajana kabeh, soepajana rahajoe, tambah-tambah asihing boemi, woewoeh kasantosaän, keur ngadjaga moesoeh, koering moekti menak beunghar, kitoe bae noe ditjatoer beurang peuting, djalan kasalamĕtan.
  7. Radja Gilingwĕsi tatjan moelih, ĕnggeus meunang