Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/125

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
118

S I N O M.

  1. Ditoeloejkeun ka nagara, diaping diiring-iring, opat lima poeloeh djalma, noe ngiring mawa gĕgĕndir, toembak tjagak djeung bandring, sadjalan-djalan ngagoeroeh, soerak agĕr-agĕran, noe nongton saroeka ati, katjatoerkeun ĕnggeus nĕpi ka paseban.
  2. Dialeut-aleut koe djalma, djalan gĕde heurin oesik, raden Patih kaget manah, toeloej ngadĕg bari singkil, djeung ngagilirkeun kĕris, ijeu aja naon roesoeh, ki koewoe tjedok njĕmbah, soemoehoen babandan Patih, djeung Andaka noe pada tjidra ka radja.
  3. Raden Patih miwarangan, ngoempoelkeun ponggawa mantri, sarta toeloej ngadeuheusan, oendjoekan ka kangdjĕng Goesti, noen Goesti djisim koering, sĕdja njanggakeun pioendjoek, sareh aja babandan, poen Andaka djeung poen Patih, ditalijan noe ngiringkeun koewoe desa.
  4. Radja kalangkoeng kagetna, ngandika ka raden Patih, geuwat adi geura bawa, kakang geus hajang papanggih, moendoer rahaden Patih, ka paseban goera-giroe, miwarang kapĕtĕngan, noengtoen Andaka djeung Patih, diiringkeun koe noe mawa toembak-tjagak.
  5. Kangdjĕng Radja eukeur lĕnggah, ngagedengkeun Prameswari, kalangkoeng ngĕnĕs manahna, ningalikeun raden Patih, salira njandang tali, angkatna ditoengtoen-toengtoen, Radja bĕndoena moesna, ngan woengkoel kĕtir hawatir, dosa leungit katingal lampah baheula.
  6. Njaoer bari doemareuda, he ki Patih Soereng djoerit, bapa Patih geuwat laän, montong disangsangan tali, kakang panteg nja watir, ingĕt djamaña kapoengkoer, toeloej tali dilaän, Patih dongkol toengkoel tjeurik, ki Andaka masih keneh ditalian.