Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/126

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
119
  1. Pra ponggawa anoe rea, ngadjadjar pajoeneun Goesti, toengkoelna antĕl ka lĕmah, sadaja roemaos isin, ladjĕng Radja ngalahir, bapa Patih naha kitoe, kaoela hanteu njana, lamoen bapa gindi pikir, Patih dongkol njĕmbahna atjong-atjongan.
  2. Sakabeh-kabeh poen bapa, njanggakeun bĕbĕndoe Goesti, koemambang kĕrsa gamparan, njanggakeun njawa djeung diri, hanteu gadoeh pamilih, malah teu soemĕdja hiroep, ĕnggeus oetama pisan, poen bapa dihoekoem pati, asrah pisan digantoeng roemaos dosa.
  3. Nanging panoehoen poen bapa, sanadjan dihoekoem pati, moegi aja pangampoera, salamĕt moenggoeh di batin, poen bapa hanteu pambrih, kana diparinan hiroep, tina roemaos dosa, geus mandjing dihoekoem pati, nadjan paeh nampi heula pangampoera.
  4. Radja ragragan tjisotja, ngadangoe pioendjoek Patih, toengtoengna Radja ngandika, bapa hampoera teh teuing, moal dihoekoem pati, sanadjan hoekoemna gantoeng, tapi koedoe popojan, sadajana anoe djadi, poerwa bapa gindi pikir owah niat.
  5. Raden Patih ngawalonan, soemoehoen bĕbĕndoe Goesti, sanadjan sim koering tĕrang, asa-asa hanteu hasil, tina diri simkoering, teu patoet beunang diwoedjoek, tapi da dipariksa, koering ngawaktjakeun diri, sajaktosna kagoda koe poen Andaka.
  6. Sarĕng koe abdi gamparan, poen bodjo noe mawa sisip tapi geus kĕrsaning Soekma, pibajaeun diri koering, ĕnggeus dihin pinasti, lantaran paeh digantoeng, kangdjĕng Radja ngandika, doemareuda bari nangis, bapa Patih ajeuna koela hampoera.
  7. Ladjĕng kangdjĕng Radja njandak, panganggo bade pisalin, Patih sĕpoeh disalinan, djeung kangdjĕng Radja ngalahir, ajeuna bapa Patih, mareman bae geus sĕpoeh, dipaparin panoekang, sarta oenggal boelan doeit, kitoe deui ngabeui Martadigoena.