Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/127

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
120
  1. Tambah sawah djeung panoekang, gandjaran bĕrĕsih pikir, nĕmahan ka pikir salah, ĕnggeus ngingĕtan teh teuing, bareto ka ki Patih, sanadjan hanteu digoegoe, datang ka di pandjara, lantaran tina mepeling, sapoeloeh djoeng lĕgana sawah gandjaran.
  2. Ngan eta Andakasoera, noe koedoe dihoekoem pati, ratoe teu wĕnang ngampoera, wadjib ngahoekoemkeun adil, sabab dosana leuwih, mawa tiwas salĕlĕmboer, djalma paeh rewoean, lantaran maneh pribadi, ki Andaka koetjĕm hĕnteu ngawalonan.
  3. Raden Patih dongkol njĕmbah, nganoehoenkeun sihing Goesti, paparin langkoeng katĕda, njanggakeun soempah ka Goesti, lamoen kasorang deui, moegi dipondokeun oemoer, hiroep oelah djamoega, sang Praboe njaoer njakseni, moega-moega ditĕtĕpken kahadean.
  4. Ngabehi Martadigoena, njĕmbah oendjoekan ka Goesti, pasihan langkoeng katĕda, koe simkoering lahir batin, sarĕng moegi simkoering, ngawoela satoetoep oemoer, kitoe deui gamparan, langgĕng moekti njakrawati, ka pajoena oelah mĕndak ewĕd manah.
  5. Ladjĕng ki Andakasoera, dikoedoengan lawon poetih, dibawa ka panggantoengan, dirijoeng koe toembak bĕdil, raden Patih ngalahir, Andaka tampa panaoer, ijeu adiling radja, pamalĕs lampah noe djoelig, pek digantoeng ki Andaka geus paragat.
  6. Toeloej diteukteuk beuheungna. dipandjĕr dina paranti, tĕngah djalan parapatan, adat paranti sasari, soepaja djadi boekti, djalma ngamoesoeh ka ratoe, bedja ĕnggeus goernita, kasohor ka mana mĕndi, jen Andaka ĕnggeus dipandjĕr sirahna.
  7. Ki koewoe ĕnggeus digandjar, roepa panganggo djĕng doeit, reh nimoekeun ki Andaka, sarta nimoekeun ki Patih, tadi geus aja djangdji, salabar gandjaran ratoe, ajeuna