Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/21

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
14
  1. Sampoerna lakoe-lampahna, sabar darana djeung adil, soekoer lamoen koelawarga, moen kasartaän djeung harti, nadjan lain pangampih, moen boedi lampahna loeloes, bĕrsih tĕrang hatena, ngaleuwihan ti pangampih, elmoe leuwih tina kasaejan warga.
  2. Sarta ari njijeun djaksa, saratna pintĕr djeung radjin, sarta hade lakoe-lampah, hanteu sirik hanteu pidik, moen djaksa hanteu adil, tangtoe matak koesoet Iĕmboer, tereh boerak nagara, ari tĕgĕsna teu adil, mikanjaäh ka bangsat ka djoeroedjana.
  3. Мibaraja ka noe salah, miidjid ka noe bĕrĕsih, sarat anoe djadi djaksa, manehna heula pribadi, lakoe lampahna apik, oelah njĕret oelah ngadoe, soepaja djadi taha, teu inggis nĕrapkeun adil, moen manehna nĕtĕрkeun lampah noe salah.
  4. Таngtoe djaksa mowal bisa, nĕrapkeun koemaha wadjib, sijeun katembong manehna, anggoer disoempoetkeum boeni, geus tangtoe roeksak adil, moen djaksa pĕrdata kitoe, he agoes anak bapa, Pandji woeloeng mangka eling, soegan bae maneh bisa djadi radja.
  5. Pandji woeloeng ngawalonan, noen bapa nijat simkoering, sĕdja dilampahkeun pisan, sarĕng moegi aja toelis, djadi pamĕngkoe boemi, ngawoelakeun sĕpoeh-sĕpoeh, bisa malĕs kawĕlas, heman iboe rama aki, anoe djadi lantaran hiroep di doenja.
  6. Кі агja patih ngandika, he anak bapa ki Pandji, soekoer kitoe nja tarima, bapa boengah pisan pikir, ladjĕng rahaden Pandji, moendjoeng ka rama ka iboe, sarta ka pangasoehna, noe ngaran nji Тоendjoengsari, tatjan trangeun jen eta poegoeh iboena.
  7. Sanggeus moendjoeng ladjĕng mangkat, doewa panakawan ngiring, panakawan papasangan, poen Djanggala poen Djanggali, doewanana lalaki, kĕmbar sakali ngadjoeroe, geus disangoewan harta, nji Patih midangdam nangis, Тоendjoengsari tjoemalimba tjisotjana.