Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/22

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
15
  1. Raden lastari angkatna, doewa panakawan ngiring, ĕnggeus kaloewar ti koeta, manahna sĕdih prihatin, ejar kerak djeung geuri, tikoekoer reudjeung dĕdĕroek, tjangehgar patembalan, sĕmoe noe miloe prihatin, kawas anoe mileuleujankeun noe angkat.
  2. Raden angkat rerejongan, mapaj tĕgal njoekang pasir, ki Djanggali ki Djanggala, tiloewan pairing-iring, sato kasorang njingkir, toeroen goenoeng oenggah goenoeng, poen Djanggali Djanggala, hatoeran ka raden Pandji, koering tjape mangga oerang sindang heula.
  3. Наndapeun ijeu kijara, sĕmoena tariis teuing, sakĕdap ngeureunan palaj, ladjĕng sindang raden Pandji, njarande kana kаi, waktoena sarijak lajoeng, tĕrang hade sorena, toeloej aja mejong bidjil, keur anakan bidjil ti dapoeran mandjah.
  4. Rek ngarontok ki Djanggala, Djanggali ngĕdjat ngadjĕrit, raden Pandji mĕntang panah, dipĕssat mĕnĕran pingping, mejong naradjang wani, gabroeg ngarontokna loepoet, raden Pandji tangginas, njingtjĕt bari njaboet kĕris, ditĕwĕkkeun mĕnĕram boeka kelekna.
  5. Меjong roeboeh kapisanan, sakali teu hoedang deui, ki Djanggali ki Djanggala, pada ngalĕm raden Pandji, nja kasep bari sakti, koering meh ditĕkoek maoeng, komo teuing mangkena, moerangkalih keneh sakti, koering koedoe dileler loengsoeran sindjang,
  6. Raden Pandji kahatoeran, ari maneh sok dibalik, bĕnĕrna kami noe tampa, pangoepah pisalin samping, ki Djanggala Djanggali, boeroehan maehan maoeng, lamoen hanteu ka geuwat, mejong dipanah koe kami, maneh tangtoe djadi tjadoek maoeng teja.
  7. Кі Djanggali djeung Djanggala, madoewan ka raden Рandji, ĕnja bae koering tiwas, tapi adjĕngan ge roegi, lamoen teu aja koering, koedoe andjeun nanggoeng soemboel, kĕреk pangangoteja, mesĕm lĕlĕb raden Pandji, kami eleh kop ijeu rorodan sindjang.