Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/23

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
16
  1. Djalan tina babanjolan, omong Djanggala Djanggali, tatapi aja eusina, noeloengan wadjib di goesti, lamoen teu noeloeng koering, djoeragan teh koedoe nanggoeng, wantoening menak bakal, pandjang manah lantip boedi, tjatoer sae sakĕtjap ge di kandjoetan.
  2. Sanadjan bidjil ti tjatjah, moen tjatoer hade ditampi, sanadjan pitoetoer adjar, lamoena salah ditampik, ti dinja raden Pandji, djeung gandek naek ka loehoer, kana tangkal kijara, sabab geus kasapoet peuting, powek mongkleng sabab malĕm pareum boelan.
  3. Rame sora sasatowan, badak banteng noe kakoeping, mejong handapeun kijara, gĕrang-gĕroeng matak risi, rek naek kana kai, njoesoed djalma noe di loehoer, ki Djanggali Djanggala, kesang lokot kawas mandi, ngadaregdeg moerijang teu kawajaan.
  4. Raden Pandji kahatoeran, ih maha borangan teuing, moen tatjan nĕрi ka mangsa, poepoet njawa titis toelis, montong rarisi teuing, mowal djadi tjadoek maoeng, ngawalon ki Djanggala, geuraheun teuing teu risi, koering asa geus aja dina beuteungna.
  5. Наwar-hawar katinggalan, mejong naek kana kai, raden Рandji ĕnggeus jatna, singkil bari matĕk kĕris, geus tĕrang katingali, maoeng ditĕwĕk ngagaoek, keuna hoeloe angĕna, gĕboet ragrag tina kai, kapisanan paeh handapeun kijara.
  6. Кі Djanggali ki Djanggala, ngadĕngek kawanti-wanti, геuwaseum teu kira-kira, asa pek ditjĕwol birit, goemoedjĕng raden Pandji, poma oelah pada goegoep, eta mejong geus modar, hĕmo oelah pada tjeurik, oelah tjektjok bisi batoerna daratang.
  7. Кі Djanggali ki Djanggala, ngarerepeh hanteu oesik, ambĕkan oge ditahan, kesang lokot kawas mandi, raden Pandji ngalahir, mariksa bowa geus isoek, itoe siga balebat, teu ngawangsoel ki Djanggali, ĕmpes-ĕmpes bawaning koe kasijeunan.