Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/26

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
19
    raden Pandji njaoer bari sĕmoe imoet, he Djajapati ajeuna, paman geus taloek ka kami.
  1. Kоеma pikarĕреun paman, Djajapati ngawalon sĕmoe adjrih, njanggakeun badan sakoedjoer, sĕdja ngalĕboer tapak, sĕdja ngiring kamana anoe didjoegdjoeg, njaoer raden Pandji poetra, soekoer paman sĕdja ngiring.
  2. Аri pikarĕреun koela, rek ngoembara ka tanah atas angin, sĕdja rek nejangan elmoe, matoer ki loerah begal, raden montong djaoeh-djaoeh noe didjoegdjoeg, anggang-anggang noe ditejang, di ditoe aja noe sakti.
  3. Аdjar djadi pamoedjaän, lĕpoes pisan sapanorahna djadi, sok ngawoeroek djampe wĕdoek, magahan kadjajaän, malah ratoe Sokadana ge sok moendjoeng, baheula moenggah dipapag, dibawakeun tandoe djoli.
  4. Raden Pandji ngalĕlĕkan, djaman mana koela teu meunang warti, sangratoe moendjoeng ka doekoen, kasoempingan ki adjar, Djajapati ngawalon ka Pandjiwoeloeng, meureun bae teu oeninga, da andjeun mah moerang kalih.
  5. Ваheula geus lawas pisan, ĕnggeus lima wĕlas tahoen ge leuwih, ari noe matak disaoer, ratoe teh kasoesahan, tjarijosna sĕlir kakasih ditoedoeh, diseboetkeun bobogohan, pawarang anoe istori.
  6. Ratoe teu pati pĕrtjaja, toeloej njaoer adjar noe kongas sakti, moendoet panorah ki doekoen, adjar Goena Wisesa, toeloej adjar ngadeuheusan ka sangratoe, sĕlir ditorah jen ĕnja, bobogohan reudjeung mantri.
  7. Sĕlir ladjĕng dipaehan, istorina pawarang manggih boekti, tĕroes djeung panjĕboet doekoen, raden Pandji ngandika, paman Djaja di mana imahna doekoen, koela hajang ngadeuheusan, goegoeroe bĕdas djeung sakti.
  8. Kі Djajapati hatoeran, kidoel-koelon lalampahan sapeuting, patapan toetoegan goenoeng, raden Pandji пgandika, hajoe paman koela anteur nĕda toedoeh, bral
2D