Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/27

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
20
    angkatna gagantjangan, hajang geura gok papanggih.
  1. Meunang sapeuting di djalan, gagantjangan katjatoerkeun geus nĕpi, di patapan adjar pinoeh, koe djalma nĕda tamba, reudjeung djalma noe goegoeroe bĕdas wĕdoek, toeloej adjar teh mariksa, ijeu agoes noe ti mĕndi.
  2. Ngawalon sang Pandji poetra, noen kiai ari asal sim koering, ti Sokadana kapoengkoer, soemĕdja ngalalana, rek goegoeroe elmoe bĕdas reudjeung wĕdoek, tjarijos adjĕngan pisan, noe ngawoeroek wĕdoek sakti.
  3. Goemoedjĕng kiai adjar, ĕnja pisan kami magahan sakti, kabĕdasan sarta wĕdoek, raden Pandji hatoeran, noen kiai sad koela sĕdja goegoeroe, sĕdja njantri di sampejan, manawi bahan katampi.
  4. Ngalahir deui ki adjar, hade pisan lamoen rek nijat njantri, kaditoe tjampoer djeung batoer, tidinja raden mĕrnah, katjatoerkeun isoekna koempoel ngarijoeng, moerid pada di woeroekan, djampe bĕdas wĕdoek sakti.
  5. Tapi taja anoe njoba, ngan djampena di adji beurang peuting, raden hatoeran ka goeroe, djampe mah geus apal, tapi djasad koela ajeuna noenoehoen, di boektikeun masing njata, kabĕdasan reudjeung sakti.
  6. Ki adjar bĕngis tembalna, naha maneh mana tjampĕlak teuing, koemawani ngomong kitoe, kawas noe teu pertjaja, koedoe-koedoe ngaboetikeun sakti wĕdoek, djampe teu beunang di oenghak, djeung oelah dipake oelin.
  7. Hanteu meunang lalawora, koedoe ngandĕl jen djampe eta matih, mangke ari manggih moesoeh, didinja kaboektina, raden Pandji hatoeran barina imoet, njasat masih keneh hamham, moen tatjan kapanggih boekti.
  8. Ki adjar bĕndoe katjida, saoemoerna tatjan aja noe wani, sewot ladjĕng njandak batoe, raden Pandji di balang, keuna kana mastaka oedĕngna oetjoel, raden Pandji kapowekan, ladjĕng ngadĕg njaboet kĕris.