Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/29

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
22
    djeung sapi, djaoeh tjoendoek anggang datang, soemping damping ka pasisir.
  1. Raden ngantosan parahoe, tjalikna dina kikisik, disasarap dangdaoenan, daoen bakoeng djeung badori, tamba kĕsĕl sasaoeran, njaritakeun adjar tadi.
  2. Raden Pandjiwoeloeng njaoer, koela ingĕt omong tadi, bareto paman bebedja, lampahna adjar noe tadi, basana di hatoeranan, ka Sokadana koe goesti.
  3. Keur norah sĕliran ratoe, noe ditoeding padjar djoelig, sĕlir teh saha ngaraña, djeung saha lawaña djoelig, Djajapati ngawalonan, soemoehoen kanjaho koering.
  4. Eukeur tjatoering pitoetoer, ngaraña nji Toendjoengsari, asal oerang Balangbangan, lalakina poen Panoelih, tjarijosna dipaehan, malah katoet.poen Panolih.
  5. Rahaden toengkoel ngadĕroek, Djanggala Djaggali tjeurik, raden njĕsĕgan mariksa, koenaon maraneh tjeurik, tjik waktjakeun saĕnjana, montong dipandang dipinding.
  6. Djanggala Djanggali matoer, tjatjarita siligĕnti, goesti kijeu tjarijosna, ari njimas Toendjoengsari, dipikaäsih katjida, meh ngelehkeun prameswari.
  7. Pawarang teh sangĕt giroek, toeroeg-toeroeg Toendjoengsari, bobot pisan ti sangradja, tambah giroekna djeung idjid, pirang-pirang pitjeutjeuban, djampe paradji teu matih.
  8. Toeloej hatoeran ka ratoe, ngoendjoekeun nji Toendjoengsari, gadoeh lampah bobogohan, djeung mantri ngaran Panolih, malah sĕlir anoe reja, sami wani djadi saksi.
  9. Ladjĕng di pariksa tĕroes, sĕlir sami djadi saksi, tapi manah radja mangmang, doemeh maroe noe istori, hatoeran deui pawarang, moen hanteu pĕrtjantĕn goesti.
  10. Mangga naros kanoe lĕpoes, aja anoe leuwih sakti, ki adjar Goena Wisesa, geus kontjara adjar sakti, tĕroes tingal tĕroes rasa, oeninga noe tatjan boekti.