Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/30

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
23

  1. Ladjĕng ki adjar disaoer, dipapagkeun tandoe djoli, nji pawarang miwarangan, ngintoen panganggo djeung doeit, bari moendoet di tĕroesan, ngawonkeun nji Toendjoengsari.

  2. Tidinja ki adjar tjoendoek, pok dipariksa koe goesti, ki adjar njijeun tarekah, soepaja diandĕl matih, ati mejong ati hajam, ditjampoer djeung mĕnjan poetih.

  3. Ngĕloen koekoesna kamanggoeng, ki adjar dikoedoeng poetih, dipajoenan koe sang radja, dirijoeng koe para istri, sanggeus tjĕngkat, tjatjarita, jen ĕnja nji Toendjoengsari.

  4. Lakoena tjidra ka ratoe, bĕlang bajah gindi pikir, malah ajeuna reuneuhna, poegoeh beunang ki Panolih, sang radja djadi bĕndoena, toeloej nimbalan ki patih.

  5. Ladjĕng piwarang dihoekoem, Toendjoengsari djeung Panolih, raden patih ngatoeranan, pirang-pirang tĕmah wadi, tapi ratoe teu ngamanah, koedoe bae dipareuntjit.

  6. Sarta tjeulina dipoendoet, ladjĕng raden Arjapatih, Panolih djeung Toendjoeng teja, ditjandak bade dipeuntjit, tapi sadjroning manahna, ki patih kalangkoeng watir.

  7. Ka eta ngaran nji Toendjoeng, sarehna lampahna brĕsih, ngan koe akal nji pawarang, ngistoerikeun make saksi, sarta sailon djeung adjar, migoreng nji Toendjoengsari.

  8. Raden Arjapatih langkoeng, njaähna ka Toendjoengsari, doemeh keur bobot ti radja, sarta moenggoeh kangdjĕng goesti, teu kagoengan pisan poetra, noe pingagĕntoseun linggih.

  9. Ladjĕng diteundeun ka lĕmboer, eta njimas Toendjoengsari, dipangdamĕlkeun babakan, lĕmboer singkoer boeni-boeni, Panolih ditoendoeng mangkat, kitoe tarekah ki patih.

  10. Sarĕng raden patih toeloej, njijar pigantijeun tjeuli, doemadakan ĕnggeus mĕndak, di pandjara hidji majit, toeloej dikeureut tjeulina, sor disanggakeun ka goesti.

  11. Ari eta njimas Toendjoeng, teu lila bobotna bidjil, poetrana nja andjeun pisan, ari eta raden patih, rama poeloeng noe roemawat, rama tĕgĕs mah nja goesti.