Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/31

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
24
  1. Raden poetra Pandjiwoeloeng, reup geuneuk sarta ngagidir, njaoer bari doemareuda, handjakal hanteu ti tadi, njaho kitoe tjaritana, lalampahan indoeng kami.
  2. Letah si adjar di tiroek, sabab djalma goreng biwir, tapi ajeuna geus modar, teu pedah pandjang dipikir, ngan beunang djijeun ingĕtan, oelah ngandĕl ka paradji.
  3. Montong ngagoegoe ka doekoen, ka noe sanggoep madjar sakti, bodona anoe perljaja, hanteu dipikir koe ati, sanggoep bĕdas teu ditjoba, sakti teu dipenta boekti.
  4. Ajeuna koela ka pajoen, mowal ngandĕl ka noe sakti, lamoeña tatjan katjoba, ngawalon ki Djajapati, lĕrĕs lahiran adjĕngan, koering ge nja kiloe deui.
  5. Raden Pandjiwoeloeng njaoer, paman koedoe eling-eling, lampah paman noe katoekang, ngabegal ngarampog maling, kabeh koedoe dieureunan, tangtoe doraka nja diri.
  6. Mowal taja deui lakoe, sadjaba ngabegal maling, leuwih hade pĕpĕlakan, asil aja pikir tiïs, teu sijeun koe adil radja, hasil tani djadi daging.
  7. Ki Djajapati ngawangsoel, sim koering njoehoenkeun saksi, tjadoe toedjoeh patoeroenan, lampah ngabegal djeung maling, koe koering karasa pisan, taja pisan sĕnang ati.
  8. Koering taja deui lakoe, ngan ngabegal reudjeung maling, tatapi taja njangsangna, banda beunang koering maling, djeung rasana langkoeng panas, sijeun kapanggih koe mantri.
  9. Raden eukeur goenĕm tjatoer, sasaoeran di pasisir, lapat-lapat katingalan, kapal ti tĕngah ka sisi, toeloej kapal laboeh djangkar, boengah manah raden Pandji.
  10. Toeloej aja sampan toeroen, ditoempakan koe kalasi, teu lila datang ka darat, sĕdjana rek ngala tjai, geus panggih djeung raden poetra, ti dinja raden pasini.
  11. Miloe noempang ka parahoe, soemĕdja ka tanah Kĕling, toeloej raden toenggang sampan, sarta Djanggala Djanggali, Djajapati sabatoerna, dipiwarang moelang deui.