Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/32

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
25
  1. Ngadago-dago di lĕmboer, nĕpi kana raden soemping, ngoembara ti tanah sabrang, rahaden Pandji lastari, nitih kapal ladjĕng lajar, di kapal di poesti-poesti.
  2. Ari noe gadoeh parahoe, oerang malajoe patani, katjatoerkeun dina kapal, aja hidji menak Boegis, toenggal sĕdja ngalalana, ngarana Daheng Bramani.
  3. Hanteu rama hanteu iboe, kalangkoeng njandang prihatin, asalna toeroenan adjar, ratoe di nagara Boegis, ĕnggeus kapĕrnah boejoetna, ka noe mangkoe boemi Boegis.
  4. Ajeuna ĕnggeus patĕpoeng, di kapal djeung raden Pandji, toeloej wawoeh goelĕt pisan, sapapait samamanis, kawas saiboe sarama, raden Pandji djeung Bramani.
  5. Oenggal peuting sok diwoeroek, tindak-tandoek tata-titi, tambah lila tambhah loma, Pandji djeung Daheng Bramani, hanteu katjatoer lilana, dongkap ka tanah Patani.
  6. Toeloej raden poetra loengsoer, ka darat sarĕng Bramani, Djanggali sarĕng Djanggala, hanteu pisah ngiring-ngiring, ti dinja rahaden poetra, ngabdi ka radja Patani,
  7. Daheng Bramani teu kantoen, katjatoerkeun lami-lami, langkoeng ka manah ngabdina, ti dinja rahaden amit, ladjĕng ka nagara Tjĕmpa, Daheng Bramani teu kari.
  8. Radja Patani kalangkoeng, njaähna ka raden Pandji, sarta reja papariña, njangoewan doemeh rek moelih, panganggo noe hoeroeng-herang, sarta pisangoeweun doeit.
  9. Raden ngan meunang sataoen, ngoembarana di Patani, katjatoerkeun ĕnggeus dongkap, ka Tjĕmpa sarta Bramani, milĕmboeran misisijan, ngaboedjang di djoeroetani.
  10. Isoek-isoek manggoel patjoel, boerit-boerit miloe ngarit, ti beurang anjam-anjaman, njijeun-boboko salipi, ti peuting njĕrat di lontar, elingan lalakon diri.
  11. Taja lakoe noe kalaroeng, ditoelis ti barĕng’ indit, ti nagara Sokadana, naon-naon noe kapanggih, djadi babad salirana, pitjontoweun ĕnggeus soemping.