Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/33

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
26
  1. Katjarita hidji waktoe, kira wantji tĕngah peuting, datang rampog pirang-pirang, ka lĕmboer ki djoeroetani, geur soerak gĕro noe nangtang, tingsarijĕng sora bandring.
  2. Ngagoeroeh sora pamĕntoer, rampog njĕsĕg njatjar bilik, raden Pandji geus tangginas, ki Daheng ĕnggeus tarapti, Daheng geus matĕk badina, raden geus mĕtakeun kĕris.
  3. Ki Daheng djeung Pandjiwoeloeng, ngamoek barĕng ngarah pati, kapala rampog noe keuna, mimitina ngadjoempalik, batoerna kabeh naradjang, geur tjampoeh noe ngadoe kĕris.
  4. Rame gĕloet pada hatoer, powek wantoening ti peuting, bangke ĕnggeus pagoletak, beuheung kawas badan patjing, ngan kari djalma toedjoehan, ditjĕrĕk koe raden Pandji.
  5. Begal toedjoehan geus taloek, katjatoer ki djoeroetani, njeungeutkeun obor djeung damar, rek ngoboran noe prang tanding, sarehna geus repeh prangna, heran pikir djoeroetani.
  6. Ningal majit geus patoempoek, patoempang patindih-tindih, saha noe ngalawan inja, teu njana ka raden Pandji, toeloej raden Pandji poetra, ngalahir ka djoeroelani.
  7. Gĕgĕrowan sisi lĕmboer, ijeu koela njĕkĕl maling, geuwat bawa eta damar, bisi maling leupas deui, aki djoeroetani loempat, njampeurkeun ka raden Pandji.
  8. Bari mawa obor hoeroeng, raden Pandji djeung Bramani, kasampak keur njĕkĕl djalma, toedjoehan patoempang-tindih, beunang ngabanda leungeuña, dikantet didjijeun hidji.
  9. Ki djoeroetani kalangkoeng, kaget sadjĕroning ati. pok naros ka Pandji poetra, he agoes intjoe si aki, ijeu koemaha pĕtana, matak kaget teuing aki.
  10. Itoe di boeroewan pinoeh, koe majit patoempang-tindih, ijeu di dijeu toedjoehan, noe hiroep geus njandang tali, tjik agoes aki bedjaän, djeung saha ngalawan maling.
  11. Raden poetra Pandjiwoeloeng, mesĕm barina ngalahir, batoer pĕrang ngan doewaän, nja ijeu Daheng Bramani, ki djoeroetani njakakak, seuri bari baksa rangin.