Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/35

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
28
  1. Naek soteh koering sĕdja ngintip, noe pĕrang djeung rampog, saoepama gamparan noe eleh, koering meureun ngabantoe djoerit, ajeuna ge wani, djeung ijeu noe toedjoeh.
  2. Toeloej bae Djanggala Djanggali, kahojongan njabok, raden njeuseul oelah kitoe maneh, kadongdora maraneh wani, njabok djeung nampiling, ka djalma geus taloek.
  3. Ki Djanggala Djanggali sareuri, njabokna teu mindo, reh kaboeroe diseuseul koe raden, djeung bojongan geus djadi rapih, isoek-isoek tanghi, raden Pandji matjoel.
  4. Panakawan doewanana ngiring, maratjoel di kĕbon, soemawoena eta mah ki Daheng, hanteu pisan pisah djeung Pandji, eta kitoe deui, bojongan noe toedjoeh.
  5. Pada matjoel ngiring raden Pandji, tambah lĕga kĕbon, djoeroetani tambah beunghar bae, reja koeda sapi djeung moending, sarta reja doeit, leuitna parinoeh.
  6. Reja djalma anoe miloe tjitjing, tina sedjen ĕnggon, lĕmboer djadi gĕde sarta rame, boenijaga timana mĕndi, aki djoeroetani, Iangkoeng-langkoeng soekoer.
  7. Heman gĕten toelaten ka Pandji, teu pisan taledor, beurang peuting dimemenan bae, katjarita rahaden Pandji, aja di djroetani, ngan meunang satahoen.
  8. Raden Pandji soeboeh-soeboeh tanghi, ladjĕng nganggo-nganggo, njoren doehoeng dibeulitan tjinde, angkeng lĕngkeh tjara papanting, sakoer noe ningali, kasmaran kalangkoeng.
  9. ASMARANDANA.

  10. Raden Pandji djeung Bramani, sanggeus dangdan ladjĕng djĕngkar, panakawan ngiring bae, Djanggali sarĕng Djanggala, raden njandak gondewa, karsa amĕngan ka goenoeng, ngalasan banteng djeung oentjal.
  11. Sapi hanteu pisan manggih, oentjal hanteu pisan njorang,