Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/36

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
29
    ngan manggih oeroetna bae, rahaden kaloenta-loenta, njorang boeboelak lĕga, geus djaoeh pisan ti lĕmboer, raden angkat papanasan.
  1. Panas poewe mĕntrang-mĕntring, njorang tĕgal lĕga pisan, kaina malaka bae, pasĕlang djeung tangkal lontar, toeloej raden ningalan, aja kai ngaroenggoenoek, siga-sigana kijara.
  2. Rahaden njampeurkeun kai, hawaning koe kapanasan, panasna moenggah nereptep, angkat kĕbat gagantjangan, rahaden hanteu lila, soemping kana kai ijoeh, handapeun kijara lenang.
  3. Tiïs sarta bararĕsih, kawas noe beunang njapoewan, ladjĕng raden ebog bae, dina handapeun kijara, niïskeun salirana, hiliwir angin ti kidoel, tiïsna kabina-bina.
  4. Panon powe wantji lingsir, rahaden toeloej ningalan, laoer-laoer tĕbeh koelon, beuki deukeut katingalan, tĕgĕs noe toempak gadjah, gadjah aloes gĕde djangkoeng, ngadoewa djeung poetri endah.
  5. Kaget manah raden Pandji, sarta bingoeng ngamanahan, ijeu teh djĕlĕma naon, ngadoewa djeung poetri endah, di tĕgal ngĕntak-ngĕntak, atawa paningal palsoe, ladjĕng raden ngoesap sotja.
  6. Raden ngawaskeun ningali, djalma toeroen tina gadjah, poetri geulis teh dikaleng, dikalemoh ditjijoeman, dipondong dititimang, dirangkoel sarta dipangkoe, poetri tjĕrik dĕdĕngekan.
  7. Rahaden wĕlas ningali, aja poetri disangsara, koe lalaki hideung goreng, biwir djĕding hoentoe bodas, sarta tjeulina roebak, boeoek rintit koemis nanggoeng, mata beureum ngĕmbang wera.
  8. Tina watirna ki Pandji, ladjĕng mĕntang gondewana, disipat dihade-hade, bĕlĕsat djamparing mĕsat, mĕnĕr kana matana, sot nji poetri toeloej moeroe, ka noe keur njandak gondewa.
  9. Rahaden awas ningali, njingtjĕt bari matĕk ladrang, ditĕwĕk eukeur nolondjong, walikatna tĕroes pisan, roeboeh oetah-