Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/37

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
30
    oetahan, sĕgar-sĕgor gĕrang-gĕroeng, teu lila toeloej paragat.
  1. Gadjahna rek bela pati, neuleu djoeragan geus modar, mĕta ngagĕro ngadĕngek, boebat babit toelalena, rek newak raden poetra, tangginasna Pandjiwoeloeng, toelale disabet rampal.
  2. Tina bĕdasna ki Pandji, pintĕr tangginas binĕkas, tjoengtjat-tjingtjĕt hanteu kagok, Daheng Bramani noeloengan, nĕwĕkan kĕkĕmplongan, gadjah teh ripoeh dihoeroep, gĕdeboeg toeloej sakarat.
  3. Toeloej digorok sakali, gĕnggĕrongna sapat pisan, ladjĕng sang poetri dikaleng, ditjalikeun dipariksa, he njai noe ti mana, koemaha asal kapoengkoer noematak kijeu pĕtana.
  4. Dipapangkoe koe lalaki, sarta sakitoe gorengna, hideung matana molotot, kaoela kakara pisan, saoemoer manggih djalma, noe pandena tjara kitoe, mangga nji poetri tjarita.
  5. Poetri njaoer bari nangis, asal ti nagara Tjĕmpa, rama koering ratoe gĕde, marentah sasama radja, asalna kangdjĕng rama, meuli hidji gadjah koekoet, gadjahna nja eta pisan.
  6. Noe gadoeh oerang Banggali, harga lima ratoes rejal, tina ama langkoeng hojong, gadjah sakitoe hidĕngna, ladjĕng digaleuh kontan, tina taja anoe ngingoe, noe gadoeh digadjih boelan.
  7. Sarta didjadikeun mantri, disĕboet mantri Panglima, loenggoehna tjatjah salawe, teu aja deui gawena, ngan woengkoel ngingoe gadjah, oenggal sore oenggal isoek, di bawa marĕk ka radja.
  8. Gadjah koe itjeus teh teuing, ngarti ka omongan djalma, beunang dititah ditjarek, ama langkoeng soeka manah, sarta langkoeng njaähna, ka gadjah djeung ka noe ngingoe, ngabajahkeun ka noe reja.
  9. Pintĕrna oerang Banggali, binangkit ngawarah gadjah, oenggal isoek oenggal sore, ditjotjoö ditoempakan, ngidĕr moetĕr nagara, anoe nongton djĕdjĕl pinoeh, taja kabosĕnanana.
  10. Beuki lila beuki asih, ka eta mantri Panglima, djeung