Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/38

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
31
    tambah pĕrtjaja bae, ti dinja ama teh angkat, kĕrsana matjangkrama, njandak garwa poetra poetoe, ka tĕgal anggang ti kota.
  1. Di iring koe para matri, meh kosong djĕro nagara, kĕrsa ngagarogol banteng, djeung ngadamĕl pasangrahan, kabeh para ponggawa, djeung bodjona hanteu kantoen, indit-sirib rame pisan.
  2. Ĕnggeus meunang tiloe peuting, tjalikna di pasangrahan, oenggal powe meunang banteng, ari anoe pangbisana, nja eta ki Panglima, kalindeukan oentjal lĕmboe, ngabĕdil ti loehoer gadjah.
  3. Taja mantri anoe mahi, ari djalma anoe reja, njĕdĕkkeun kana garogol, bowa meunang banteng oentjal, djadi teu aja lawaña, ngan ki Panglima noe poendjoel, reja beubeunangañana.
  4. Djadi ama tambah asih, ka eta mantri Panglima, tina didolos kahojong, ari eukeur mangsa ama, aja di pamorowan, di pondok ngan kantoen iboe, djeung garwa para ponggawa.
  5. Ari koering eukeur oelin, djĕboel ki Panglima datang, roesoeh haroehah-harehoh, pokna piwarang koe rama, njaoer adjĕngan geuwat, rama meunang manoek aloes, eukeur amĕngan adjĕngan.
  6. Pibajaeun diri koering, teu boga pikir rangkĕpan, iboe ge nja kitoe keneh, toeloej koering miloe toempak, dilahoen koe Panglima, gadjah loempat goera giroe, nja datang ka dijeu pisan.
  7. Sakitoe tjarita koering, lampah katiwasan awak, balik koering sĕdja naros, adjĕngan poetra ti mana, saha toewang djĕnĕngan, ti mana nja lĕmboer matoeh, bandjar karang pamidangan.
  8. Ngawalon rahaden Pandji, nja dajeuh ti Sokadana, ti leutik datang ka gĕde, kasangsara kabalangsak, ari ngaran noe nĕlah, ngaran raden Pandjiwoeloeng, nji poetri santĕn mesĕmna.