Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/39

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
32
  1. Kabĕnĕran diri koering, asal meh meunang tjilaka, toengtoengna daradjat gĕde, lantaran koering patĕpang, djeung salira adjĕngan, ngan moegi kaoentoen tipoeng, aja awak katambang bejas.
  2. Kalaksanakeun nja diri, peso pangot ninggang lontar, katoeliskeun ka noe kasep, ngawalon rahaden poetra, goesti djoengdjoenan manah, poen kakang njanggakeun oemoer, ngoeroepkeun katineung manah.
  3. Lamoen teu parĕng djeung toelis, daek paeh kalĕlĕban, oepami mangke rama teh, teu panoedjoeweun ka kakang, daek soroh amoekan, bari dikaleng ditjijoem, sang poetri nagara Tjĕmpa.
  4. Rahaden Pandji ngalahir, njai saha nja djĕnĕngan, kakang kaliwat naros teh, ngawalon sang poetri Tjĕmpa, koering Andajaningrat, oemoer limawĕlas taoen, koering poetra ti pawarang.
  5. Djeung deuina djisim koering, reja radja noe ngalamar, mawa doenja-brana gĕde, koe rama hanteu ditampa, tina koering teu soeka, reja poetra ratoe bĕndoe, ngalamarna meunang wirang.
  6. Koering teu soeroep djeung ati, ka noe geus datang ngalamar, kakara ajeuna bae, soeroep reudjeung lĕlĕmboetan, ki Djanggali Djanggala, nabeuh kelek tjĕprat-tjĕproet, pokna dalah bagdja oerang.
  7. Geus boga djoeragan istri, pentaäneun baranghakan, reudjeung pentaäneun bako, ki Daheng goemoedjĕng ngeunah, maneh mah taja lian, ngan soepaja seubeuh njatoe, hanteu mikir di soesahna.
  8. Bĕnĕrna koedoe kapikir, tambah rawataneun awak, tambah djoeragan awewe, tangtoe oerang tambah soesah, Djanggali ngawalonan, kadjeun dapon seubeuh njatoe, hese tjape dibelaän.
  9. Ti dinja rahaden moelih, ngiringkeun Andajaningrat, angkat lalaoenan bae, wantoening djeung istri menak, tara