Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/40

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
33
    toeman badarat, geus peuting soemping ka lĕmboer, waktoena sareureuh boedak.
  1. Kaget aki djoeroetani, nini dangdan kadaharan, hanteu lila ĕnggeus entep, sor sisihan pamasangan, aki naroskeun warta, djeung deui di mana nimoe, eta poetri geulis pisan.
  2. Reudjeung deui tadi aki, meunang parentah idĕran, ratoe kasoesahan gĕde, poetrana dibawa minggat, koe ki mantri panglima, sorati gadjah sang ratoe, dibawa noenggangan gadjah.
  3. Saha-saha anoe manggih, atawa meunangkeun inja, didjĕnĕngkeun praboe Anom, dileler dajeuh sabeulah, djeung deui poetri teja, dipasihkeun ka noe nimoe, kitoe tjatoer oendang-oendang.
  4. Ari pangintĕn poen aki, soegan ijeu poetri radja, anoe dibawa minggat teh, ngawalon rahaden poetra, nja poegoeh ijeu pisan, malah noe mawa ditiroek, djeung gadjahna dipaehan.
  5. Matoer deui djoeroetani, lamoen rĕmpoeg reudjeung manah, nji poetri sanggakeun tereh, montong rek dilila-lila, karana kangdjĕng radja, wartosna ajeuna ngangloeh, kaedanan koe poetrana.
  6. Nangis reudjeung Prameswari, hanteu leueut hanteu dahar, rahaden Pandji ngawalon, kaoela soemĕdja pisan, njanggakeun ka sangradja, tapi mowal goeroenggoesoeh, ngeureunan tjape sakĕdap.
  7. Kira meunang tiloe peuting, ngandjrĕk di dijeu heulaän, di mana geus rada aso, meureun marĕk ka nagara, djeung tatjan tĕrang pisan, nagara boemina ratoe, ti dijeu sabraha anggang.
  8. Ngawalon ki Djoeroe tani, lamoen indit sabraj beurang, sarta lamoen leumpang djongdjon, wantji sareupna ge datang, sigĕgkeun raden poetra, djeung poetri aja di lĕmboer, kotjapkeun sangratoe Tjĕmpa.
  9. Hanteu eureun-eureun nangis, tina njaäh ka poetrana, Prameswari kitoe keneh, hanteu sare hanteu dahar, taja noe
3 D