Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/41

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
34
    dipitjangtjam, ngan poetra noe dipisaoer, noe moesna dibawa minggat.
  1. Radja nimbalan ka patih, he patih ajeuna geuwat, oetarakeun nakol bĕnde, noelis soerat oendang-oendang, saha-saha noe bisa, nimoekeun Andajaningroem, digandjar dajeuh sabeulah.
  2. Sarta reudjeung njai poetri, toeloej dilelerkeun pisan, didjadikeun Praboe anom, marentah sabeulah Tjempa, sarta diangkĕn poetra, digadang ngaganti ratoe, djangdji kami mowal tjidra.
  3. Kipatih seug njĕmbah pamit, kaloewar ngĕmban timbalan, ĕnggeus kaembarkeun kabeh, satrija mantri ponggawa, pada pasalĕbroengan, los ka koelon djoeng ka kidoel, lar ka kaler bral ka wetan.
  4. Pada hajang meunang poetri, hajang djadi mantoe radja, toer djoemĕnĕng Praboe anom, ngareh sabeulah nagara, loembrah kabeh manoesa, paitna hanteu dioeroes, ngan manisna noe disĕdja.
  5. Toerta lamoeña papanggih, reudjeung ki mantri panglima, mowal aja anoe nĕgel, tina karosaäñana, bisa noempakan gadjah, pangadjaran tanah Hindoe, lain lawaneun loemajan,
  6. Toeloej aja hidji mantri, ngaran ki Andakasoera, oelat palatat-polotot, boeringas sĕmoe tangginas, goedag-gidig ka wetan, njoesoel ponggawa noe ngĕntjoel, nitik lari tapak gadjah.
  7. Leumpang gantjang tjoekah-tjikih, leumpangna kaloenta-loenta, ngadjoegdjoeg kijara gĕde, kabĕnĕran pangnjoesoedna, bangke ĕnggeus kapĕndak, ki panglima geus ngaringkoek, djeung gadjah patoendjang-toendjang.
  8. Ki Andaka oelak-ilik, ngilikan poetri teu aja, toeloej malik-malik bangke, tetela raheut koe panah, toeloej Andakasoera, kĕbat bae neukleuk hoeloe, djeung neukteuk toelale gadjah.
  9. Didjingdjing dibawa balik, boga pimodaleun datang, loejah-lejeh djeung koemasep, hajang madjar bĕdas rosa, datangna ka paseban, molotot ngadjingdjing hoeloe, ngeupatkeun toelale gadjah.