Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/42

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
35
  1. Pokna ijeu deuleu kami, mĕntas pĕrang djeung panglima di ditoe di leuweung ganggong, dikadek sapisan modar, tapi poetri teu aja, tjoba oendjoekeun ka ratoe, jen kaoela mĕntas pĕrang.
  2. Gantjang ngadeuheus ki patih, barĕng djeung Andakasoera, lajah-lejeh boedi daek, posongkol bade amprotan, bejakeun koe sorangan, sĕmoe teu ngagehan batoer, ijeu aing pangrosana.
  3. Leungeun katoehoe ngadjingdjing, hoeloena mantri panglima, ti kentja mawa toelale, sĕmoe ginding nanakĕran, njingkabkeun djalma reja, barang katingal koe ratoe, disambat dihijap-hijap.
  4. Sang ratoe gantjang ngalahir, he mantri Andakasoera, ngan mawa toelale bae, djeung babatok si panglima, mana ari poetrina, Andakasoera hoematoer, noen goesti poetri teu aja.
  5. Ngan ijeu bae kapanggih, abdi poen mantri panglima, koe abdi djĕkok dikadek, djeung gadjahna babar pisan, sang ratoe kapijoehan, ngaleheh diroeboeng-roeboeng, ngadangoe jen poetri taja.
  6. Kitoe deui Prameswari, ngadĕngek lĕs kapijoehan, ejar noe tjeurik di djĕro, tina ningalan ratoena, datang ka kapijoehan, para mantri tingsalĕgroek, pada nangisan ratoena.
  7. Sigĕgkeun noe keur prihatin, menak di nagara Tjĕmpa, kotjapkeun bakal panganten, Radja poetra Sokadana, sarĕng Andajaningrat, noe eukeur madjik di lĕmboer ajeuna keur raragĕman.
  8. Pirĕmpoegna djoeroetani, sae gantjang ka nagara, ngadeuheusan ka kadaton, njanggakeun sang poetri teja, geus tangtoe ditarima, djeung ladjĕng dianggo mantoe, kitoe pikir poen aki mah.
  9. Poetri njaoer bari nangis, pikir aki bĕnĕr pisan, njakitoe pikir koela ge, langkoeng sae enggal-enggal, marĕk ka kangdjĕng radja, tada teuing rama iboe, soekana ningali koela.
  10. Djeung ningali ka kang Pandji, tangtoe meureun roedjoek
3D