Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/45

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
38
  1. Mijak djalma menta djalan, anoe kasorang njalingkir, radja Tjĕmpa eukeur lĕnggah, dideuheusan para mantri, kaget radja ningali, aja djalma goera-giroe, sang ratoe ngagoepajan. Bramani njĕmbah ka goesti, djeung njanggakeun sĕrat dina daoen lontar.
  2. Kalangkoeng kaget sang radja, barang njandak eta toelis, diilo ĕnggeus kamanah, koe hawaning soeka goesti, ngaosna bari nangis, jen poetri ĕnggeus karĕboet, koe oerang Sokadana, anakna kijai patih, radja Tjĕmpa gĕmĕt mariksakeunana.
  3. Dioendjoekeun sadajana, taja pisan anoe kari, koe ki Daheng badaratna, sang Praboe Tjĕmpa ngalahir, he patih geuwat indit, ngoempoelkeun dĕmang toemĕnggoeng, para mantri ponggawa, oelah aja anoe kari, oemboel-oemboel lawe rontek geura tata.
  4. Tandoe djoli djeung djampana, oerang mapagkeun nji poetri, ajeuna ijeu geus beunang, koe noe ngaran raden Pandji, anakna kijai patih, Sokadana noe ka poengkoer, ijeu noe mawa soerat, ngaraña Daheng Bramani, kijai patih kaloewar geus tata-tata.
  5. Radja geus njaoer pawarang, dipiwarang tjawis-tjawis, tĕtĕbah djeung kadaharan, njondongkeun poetra djeung poetri, garwana para mantri, djeung garwa para toemĕnggoeng, pada pasalĕbroengan, ka loewar ka djĕro deui, olah-olah sawareh anoe tĕtĕbah.
  6. Raden patih geus sadija, njadijakeun tandoe djoli, ngadadak njijeun karija, badawang reudjeung bĕbĕgig, kabeh ĕnggeus tarapti, geus pinoeh di aloen-aloen, radja Tjĕmpa ngandika, he maneh Daheng Bramani, "hade geura balik tiheula bebedja.
  7. Sang radja ĕnggeus nimbalan, nginditkeun tandoe djeung djoli, ki patih noe ditimbalan, mapagkeun poetra djeung poetri, kabeh ponggawa ngiring, ngabeuhi dĕmang toemĕnggoeng, kantoen Soera-andaka, toenggoe handapeun tjaringin, geus di belok doemeh ngabobodo radja.