Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/47

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
40

D A N G D A N G G O E L A.

  1. Raden poetri ĕnggeus nganggo deui, sindjang songket dibĕnten kantjana, ditaretes intĕn objor, djamang tarate moeroeb, noe ditiroe poetri Mantili, sigĕr kantjana moelja, ditaretes mantjoer, geulis lain kaoelinan, pantĕs pisan ngarendeng poetra djeung poetri, kawas Rama djeung Sinta.
  2. Kі Djanggala sarta ki Djanggali, gogoleran nĕgĕskeun djoeragan, ngarendeng geulis djeung kasep, rahaden patih njaoer, geus meudjeuhna soemangga nitih, nji poetri djeung ki poetra, dina djoli hoeroeng, ladjĕng sang poetri sang poetra, nitih djoli gĕr soerak sarta doer bĕdil, mangkat iring-iringan.
  3. Sĕsĕk djĕdjĕl awewe lalaki, anoe nongton nakleuk di tĕgalan, geus pinoeh di djalan gĕde, katjarita geus tjoendoek, ka djĕro koeta toengtoengna baris, radja ĕnggeus sadija, karsa naoer kaoel, ngamparkeun boweh djeung sindjang, tina watĕs babantjong ka djĕro poeri, diamparan koe sindjang.
  4. Тatabeuhan geus asa kaindit, topeng ronggeng sarta bangbarongan, parĕboet djalma noe nongton, aja noe sili toemboek, tina hajang tĕgĕs ka poetri, ngarendeng djeung rakana, dina djoli aloes, bari pada dikĕрĕtan, kikis reuntas koe noe nongton anoe geulis, hanteu beunang ditjaram.
  5. Kаtjatoerkeun soemping ka sitinggil, ladjeung loengsoer koedoe angkat njatjat, ngadampal boweh djeung poleng, dipapag para iboe, diiringkeun koe para bibi, ditjandak para raka, dirijoeng koe baboe, radja loengsoer djeung garwana, mapag poetra ngarawoe barina nangis, raden Pandji ditjandak.
  6. Ditjalikeun poetra reudjeung poetri, diamparan pramedani moelja, pra mantri ngadjadjar mando, dĕmang rangga toemĕnggoeng, soesoegoehna ĕnggeus tarapti, raden geus barang-dahar, гorodan diloengsoer, walatra para ponggawa.