Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/48

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
41
    pada dahar sarta djeung Daheng Bramani, Djanggali djeung Djanggala.
  1. Kаngdjĕng radja ngalahir ka Pandji, he ki Pandji soekoer bagdja ama, reh maneh noe meunangkeun teh, mĕnĕran ka noe soeroep, pantĕs djadi salaki poetri, ama sĕrah nagara sabeulah ka kidoel, sarta dipaparin pangkat, Praboe anom Ваhoedenda njakrawati, sabeulah boemi Тjĕmра.
  2. Para mantri geus pada njakseni, raden Pandii geus didjoengdjoeng lĕnggah, djoemĕnĕng sang Praboe anom, kalereun aloen-aloen, pakoewoña rahaden Pandji, disĕboetna Kаnoman, pawarta geus mashoer, Pangeran dewa Koesoemah, kakasihna geus kongas ka mana mĕndi, jen mantoe radja Тjĕmра.
  3. Djeung ki Daheng Вrаmаni disalin, disĕboetkeun ki demang Oerawan, didjĕnĕngkeun loerah gandek, ganti deui katjatoer, ki Andakasoera noe djoelig, karsana radja Тjĕmра, ajeuna digantoeng, sababna tjidra ka radja, Praboe anom toeloej пgadeuheus ka goesti, sangĕt panoenoehoeña.
  4. Моеgi aia pangampoentĕn goesti, eta ngaran poen Andakasoera, digantoengna oelah sijos, tatjan patoet digantoeng, lain dosa noe ngarah pati, siksana geus meudjeuhna, dibelok ge poetoes, lamoen sijos digantoengna, kakongaskeun radja Тjĕmpa koerang adil, ratoe moerka doersila.
  5. Radja sĕpoeh mesĕm sĕmoe manis, bari njaoer he Dewakoesoemah, noe matak rek digantoeng teh, koe sabab wani ngakoe, noe meunangkeun Banggali djoelig, sarta reudjeung gadjahna, tjatoerna wawadoel, dihiroepan oge noelar, tangtoe noeroen ka anak intjoena djoelig, wani bohong ka radja.
  6. Рraboe anom matoer lĕrĕs goesti, salahna mah poen Аndakasoera, tapi Iain hoekoem potong, mapan wadjib di ratoe, nimbang dosa gĕde djeung leutik, ratoe sĕpoeh ngandika, nja koemaha agoes, ama noeroet mowal moengpang, ki Andaka ĕпggeus dipiwarang bidjil, kaloewar ti siksaän.
  7. Didjangdjijan oelah kitoe deui, totobatan ki Andakasoera,