Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/50

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
43
    maoeng, rĕsĕpna hanteu sapira, papaitna ngabinasakeun ka diri, bidjil njawa ti badan.
  1. Radja bĕndoe njandak gada beusi; bari njaoer he patih tjampĕlak, sija ajeuna ge kodjor, ki patih nĕda maloem, teu dimanah ladjĕng digitik, keuna kana sirahna, gĕtihna tjoer ngoetjoer, polo bidjil oelaweran, sarta njaoer tah kitoe noe koemawani, malangan karĕp radja.
  2. Aja hidji doeloerna ki patih, djadi mantri ngaran ki Soedarma, ninggal doeloerna geus maot, njaähna sakalangkoeng, nijat ngamoek tapi teu djadi, boga pikir rangkĕpan, mowal hade ngamoek, hade api-api soeka, mangke bae mangsa satĕngahing djoerit, malik ngamoek djoeragan.
  3. Katjarita praboe Gilingwĕsi, ĕnggeus djĕngkar, djeung sakabeh balad, ngagoeroeh di gĕlĕk bae, dongkap ka sisi laoet, djeung sakabeh balad pradjoerit, radja geus nitih kapal, parahoena aloes, balad geus naek ka kapal, djoemblah kabeh sapoeloeh kapal pradjoerit, handjat djangkar ber lajar.
  4. Kapal gantjang tina meunang angin, sakĕdapan darat teu katingal, gantjangna noe mangoen tjrijos, poelo Tjĕmpa ngalamoek, hanteu lila radja geus soemping, ka palaboewan Tjĕmpa, baladna teu kantoen, laboeh djangkar goeloeng lajar, nitih sampan sri mah radja Gilingwĕsi, ĕnggeus soemping ka darat.
  5. Masangrahan di sisi basisir, tata baris oerang palaboewan, maroeboes ngoengsi ka benteng, imah ditinggal soewoeng, balad-balad ti Gilingwĕsi, kabeh pada ngarajah, imahna dihoeroe, seuneu hoeroeng moentab-moentab, katjarita djalma-djalma anoe ngoengsi, geus dongkap ka nagara.
  6. Laloempatan ngadjoegdjoeg djro poeri, geus oendjoekan jen aja karaman, praboe sĕpoeh nganggo-nganggo, ladjĕng miwarang njaoer, Praboe anom ka djĕro poeri, teu lila ĕnggeus dongkap, radja sĕpoeh njaoer, he anak Dewakoesoemah, geura dangdan aja radja Gilingwĕsi, ngaroeroeg nangtang pĕrang.