Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/51

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
44
  1. Praboe anom ngalahir ka patih, bapa patih geura dangdan-dangdan, koempoelkeun pardjoerit kabeh, oerang nĕmonan moesoeh, para mantri masing tarapti, ponggawa sing sadija, toemĕnggoeng sing oeroes, dĕmang rangga masing tata, hajoe boedal da geus adatna lalaki, oelah moendoer da menak.
  2. D O E R M A.

  3. Praboe anom njĕmbah pamitan ka rama, moelih heula ka boemi, timbalan sang radja, raden anak si bapa, poma masing ati-ati, oelah rek weja, karana moesoeh sakti.
  4. Praboe anom ngawalon djijad gamparan, nadjan bedjana sakti, koering teu pertjaja, karana satĕmĕña, djalma taja anoe sakti, ngan goesti Аĺah, wondening kongas wani.
  5. Kоеring oge wani hanteu pisan gila, pada saoerang wani, sarĕng ratoe tjidra, ngoembar napsoe sorangan, ladjĕng bari njĕmbah pamit, kotjapkeun dongkap, Praboe anon ka boemi.
  6. Dipapagkeun koe garwa tĕpi ka lawang, ratoe ajoe ngalahir, he raka раngeran, aja moesoeh ti mana, raka ngawalon ka raji, keur bedjana mah, moesoeh ti Gilingwĕsi.
  7. Saoer poetri gawe si Andakasoera, ngoengsi ka Gilingwĕsi, meureun bae panas, nanjaän teu ditampa, rakana mesĕm ngalahir, koetan ngalamar, hajangeun ka noe geulis.
  8. Lamoen kakang noe eleh njai kabandang, raji mesĕm djeung njiwit, sangeuk teuing koela, kabojong koe noe edan, anggoer mĕnding nĕwĕk diri, djeung kabojong mah, koe radja Gilingwĕsi.
  9. Praboe anom nganggo noe araloes pisan, lantjingan pandji-pandji, sindjang prang koesoemah, makoeta intĕn moelia, tarĕtĕp djoemantĕn adi, njoengkĕlang ladrang, taretes intĕn boemi.