Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/52

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

45

  1. Tingkaritjeup intĕn noe dina makoeta, koe rajina ditilik, bari kahatoeran, tajoh mo manggih pantar, noe kasep lampanjat lĕnggik, tjara ijeu mah, dewa djoengdjoenan koering.
  2. Toeloej djĕngkar Praboe anom sabaladna, nitihan koeda gambir, rarahab sakĕlat, kadali andong dada, apoes boentoet sanggawĕdi, salaka moebjar, goemilap katingali.
  3. Mamandapan koeda njirig djodjogedan, kawas Samba pradjoerit, dirijoeng koe toembak, pradjoerit sĕsĕliran, dipadjĕngan gilap koening, kapangeranan, oepatjara ngahapit.
  4. Di pajoeneun rahaden dĕmang Oerawan, ki Djanggala Djanggali, poengkoereun pangeran, taroempak koeda djangdjan, koeda djogdjrog bragbrag-brigbrig, bari sesepak, Djanggali djĕrat-djĕrit.
  5. Katjatoerkeun geus dongkap ka palaboewan, geus pada tata baris, moesoeh reudjeung lawan, ĕnggeus adoe hareupan, ngadĕngdĕng sisi basisir, rame soerakna, djĕdoer marjĕm djeung bĕdil.
  6. Awang-awang powek koe haseup sondawa, pradjoerit pada wani, pada ngamoek rampak, ngadoe pĕdang djeung toembak, sora gadjah tingdjarĕrit, gilapna pĕdang, matak serab ningali.
  7. Rame prangna tjampoeh moesoeh reudjeung lawan, rame sili tampiling, reudjeung sili doepak, aja noe sili toembak, sili djĕdjĕk sili biti, bangke patoempang, kawas babadan patjing-
  8. Oerang Tjĕmpa ngamoekna kaliwat-liwat, taja noe njĕboet miris, madjoe ngamoek nĕngah, kawas banteng bajangan, balad oerang Gilingwĕsi, geus kawalahan, laloempat mitjeun kĕris.
  9. Praboe anom tangginas njambĕti koeda, djeung ngabajoekeun baris, ki dĕmang Oerawan, sabaladna tangginas, moro oerang Gilingwĕsi, rame noe soerak, disĕdĕk ka basisir.
  10. Radja Gilingwĕsi rek nitihan sampan, geus pisah djeung pradjoerit, ki mantri Soedarma, doeloerna patih teja, ajeuna rek malĕs pati, ka sang radjana, Soedarma matĕk keris.