Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/53

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
46
  1. Ditĕwĕkeun ka radja kana dadana, ngagĕro bari tjeurik, sambat naon dosa, diwangsoel koe Soedarma, sija ratoe hanteu adil, ngoembar amarah, mawa tjilaka koering.
  2. Doeloer aing ngingĕtan teu ditarima, anggoer dibalĕs pati, ajeuna karasa, aing rek nagih hoetang, tampanan oelah rek gingsir, radja sakarat, ngoetah-ngoetahkeun gĕtih.
  3. Katingali koe pangeran Dewakoesoemah, Praboe anom ngalahir, maneh oerang mana, wani maehan radja, ngawalon Soedarma mantri, soemoehoen priksa, abdi ti Gilingwĕsi.
  4. Poerwa koering koemawani nĕwĕk radja, sĕdja malĕskeun pati, ratoe langkoeng tjidra, nganijaja abdina, doeloer koering djadi patih, tina nĕmahan, ngahatoerkeun wawadi.
  5. Teu ditampi anggoer djĕdak dipaehan, ratoe taja kaasih, djeung ngoembar napsoena, kadjeun tjilaka balad, sok moen andjeun soeka ati, salalamina, lampah teu kanti boedi.
  6. K I N A N T I.

  7. Sang Dewakoesoemah njaoer, koemaha lampahna deui, tjoba maneh tjatjarita, oelah koerang oelah leuwih, tetelakeun saĕnjana, lampah radja Gilingwĕsi.
  8. Ki mantri Soedarma matoer, lamoen simkoering pribadi, tjatjarijos ka gamparan, taja batoer djadi saksi, gamparan mowal pĕrtjaja, reja batoer taja boekti.
  9. Manawi gamparan rĕmpoeg, koering njijar heula saksi, rek ngoempoelkeun batoer heula, mantri-mantri anoe njingkir, kabeh oge meureun soeka, radjana dihoekoem pati.
  10. Katjarita geus karoempoel, mantri-mantri Gilingwĕsi, sesana noe paĕh pĕrang, ti leuweung pada baridjil, sakabehna ĕnggeus tobat, njaranggakeun pati hoerip.