Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/54

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
47
  1. Toeloej ki Soedarma ladjoe, malikan pioendjoek tadi njaritakeun lampah radja, nganijaja koering-koering, kijeu pokna ki Soedarma, noen soemoeboen priksa goesti.
  2. Lampahna radja kapoengkoer, estoe hanteu reudjeung boedi, ngadolos bae kĕrsana, hanteu njaäh ka noe leutik, oenggal tahoen raramejan, malar panjamboengan koering.
  3. Ari karĕsĕpna ngadoe, ngadoe hajam ngadoe djangkrik, ngadoe poejoeh ngadoe moentjang, toempangna ngadjĕpit koering, sakapeung ngadoe djĕlĕma, dioedjoengkeun sili gitik.
  4. Atawa disina gĕloet, noe teu wani koedoe wani, reja djalma anoe misan, noe teu daek ditampiling, sĕlang-sĕlang ngadoe djalma, ngadoe mejong reudjeung moending.
  5. Sakapeung badak djeung lĕmboe, sapi moending ti noe leutik, radja ngan woengkoel soekana, roegi tjapena mah koering, moen radja ngewa ka djalma, taja deui ngan dipeuntjit.
  6. Radja teu kagoengan hoekoem, dosa gĕde dosa leutik, taja dĕngda taja siksa, moen salah koedoe dipeuntjit, djeung lamoen aja ponggawa, anoe gadoeh bodjo geulis.
  7. Bodjona toeloej dipoendoet. salakina dinjĕnjĕri, moen ngalawan dipaehan, poerwa ajeuna sim koering, wani maehan ka radja, sabab radja hanteu adil.
  8. Lamoen radja awet hiroep, tangtoe tjatjah awet miskin, sang Praboe anom ngandika, he sakabeh para mantri, eta omong ki Soedarma, koemaha ĕnja kasaksi.
  9. Jen lampah radja teh kitoe, rĕsĕp nganijaja abdi, sakabeh barĕng oendjoekan, pra ponggawa Gilingwĕsi, lĕrĕs hatoer poen Soedarma, sadajana oge boekti.
  10. Asa diratoewan maoeng, kabeukina daging gĕtih, ambĕkna sakoelit bawang, taja pisan hoekoem adil, sakĕtjap kadoewa gobang, dĕngkina taja noe nanding.
  11. Karĕsĕpna ngan digoenggoeng, disĕboet kasep djeung soegih, dipadjar pintĕr binĕkas, ditoeding wĕdoek djeung sakti, ditjawad wani maehan, tara tampi ka wawadi.