Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/56

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
49
  1. Sang Dewakoesoemah njaoer, miwarang nginditkeun baris, toeloej djĕngkar sadajana, kabeh mantri Gilingwĕsi, senapatina Soedarma, ngahoeroen toembak djeung kĕris.
  2. Djadi tandana jen taloek, dibojong sab eleh djoerit, pangeran Dewakoesoemah, miwarang sahidji mantri, tiheula hatoer oeninga, ka rama jen meunang djoerit.
  3. Di djalan hanteu katjatoer, oetoesan ka dajeuh nĕpi, radja sĕpoeh geus oeninga, jen kang poetra meunang djoerit, toeloej radja sĕpoeh dangdan, rek mapagkeun mantoe soemping.
  4. Toenggang gadjah gĕde loehoer, palisirna soetra wilis, gĕntana salaka moebjar, dipadjĕngan gilap koening, di pajoen oepatjarana, kapĕtĕngan beunang milih.
  5. Oemboel-oemboelna mĕlĕngkoeng, ngelebet katĕbak angin, ngĕrab-ngĕrab banderana, ngagoeroeh tamboer djeung beri, tabeuh ninggang wirahmana, sĕngek tarompet djeung soeling.
  6. Di poengkoereun radja sĕpoeh, poetra istri nitih djoli, ratoe mas Andajaningral, ngiring mapak raka soemping, djeung garwa pada ponggawa, pada ngiring raden poetri.
  7. Waktoena sabidjil lajoeng, kĕtir bawa rasa pikir, sang poetri Andajaningrat, aja geulis kawanti-wanti, ampoeh loenggoeh jasa dangdan, njoeroepkeun soepaja rasmi.
  8. Gĕloengna noempoek pasoesoen, toesoek-gĕloeng intĕn boemi, gilĕr-gilĕr kaänginan, kasorat koe lajoeng koening, siga bentang kabeurangan, matak gijoeng noe ningali.
  9. Waosna goela-goemantoeng, djaridjina moetjoek eurih, kadoe sapasi pipina, asta ngagondewa bĕntik, roembahna boelan toemanggal, sĕdĕng dĕdĕgna raspati.
  10. Ampoeh loenggoeh sarta limpoeh, sareseh djeung manis boedi, leuleus keupat jasa angkat, tjapetang djeung lantip soerti, jasa ngalap-ngalap manah, istoening moestika poetri.
  11. Katjatoerkeun geus patĕpoeng, djeung rakana meuntas djoerit, praboe anom enggal-enggal, loengsoer mamandapan
4 D