Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/57

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
50
    isin, sampojong ladjeung ngoendjoengan, ka rama njanggakeun bakti.
  1. Soekaboengah radja sĕpoeh, ka mantoe kalangkoeng moedji, ngandika ama tarima, anak ama taja deui, ngan agoes bae sorangan, noe baris ngaganti linggih.
  2. Koemaha bedjana agoes, mana radja Gilingwĕsi, Praboe anom matoer njĕmbah, soemoehoen pariksa goesti, balad Gilingwĕsi kalah, radjana loempat ngabĕtjis.
  3. Barang rek mantjal parahoe, dikadek koe hidji mantri, wasta poen mantri Soedarma, doeloer patih Gilingwĕsi, noe matak wani maehan, sĕdjana malĕskean pati.
  4. Sadajana sami matoer, mantri-mantri Gilingwĕsi, pada miawon ratoena, disĕboetkeun djoelig dĕngki, djeung sami moedji Soedarma, disĕboetkeun lantip boedi.
  5. Nijat koering lamoen rĕmpoeg, sarĕng kĕrsa kangdjĕng goesti, eta poen mantri Soedarma, damĕl radja Gilingwĕsi, malak mandar djadi ardja, ngalampahkeun hoekoem adil.
  6. Kangdjĕng radja sĕpoeh njaoer, agoes oelah gantjang teuing, timbang samemeh kasorang, pikir samemeh ngadjadi, bisi handjakal mangkena, ngadjoengdjoeng kaboeroe asih.
  7. Ari geus ngadjadi ratoe, soesah ngaloengsoerkeun deui, leuwih hade djadjal heula, djĕnĕngkeun bae papatih, mangke moen taja tjatjadna, djadikeun ratoe sakali.
  8. Pamikir ama sakitoe, eta ki Soedarma mantri, pangnĕlasañana radja, ama teu soeroep djeung pikir, rasa ama eta salah, mantri tega pati goesti.
  9. Bĕnĕrna mah lain kitoe, lamoan aja ratoe djahil, bareto di nagarana, koempoelkeun ponggawa mantri, rĕmpoegkeun masing moepakat, pikir heula masing gilig.
  10. Moen ratoe lampahna ladjoe, teu jasa ngeureunan djahil, loengsoer padjĕnĕngañana, milih anoe bakal adil, saderek atawa poeta, ratoe teu wĕnang dipeuntjit.