Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/58

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
51
  1. Tapi ajeuna geus kitoe, teu aja piliheun deui, kadjaba ti ki Soedarma, noe ngoeroes di Gilingwĕsi, dosana nĕlasan radja, timbang tina njĕri ati.
  2. Rĕmpoeg koe agoes didjoengdjoeng, djadikeun heula papatih, lamoen geus njata hadena, djĕnĕngkeun ratoe sakali, Praboe anom ngawalonan, djisim koering sĕdja ngiring.
  3. Dawoeh gamparan sakitoe, lĕrĕs hanteu pisan sisip, ajeuna mah poen Soedarma, djĕnĕngkeun bae papatih, mapatah kabeh ponggawa, di nagara Gilingwĕsi.
  4. Mangke ĕngeus meunang nahoen, awon saena katjiri, moen sae djadikeun radja, moen awon nejangan deui, noe bade didamĕl radja, di nagara Gilingwĕsi.
  5. Djisim koering langkoeng rĕmpoeg, salahir gamparan tadi, malah lamoen karoedjoekan, soemangga ngadamĕl djangdji, sahidji adat nagara, minangka toelak balahi.
  6. Soepaja loeloes rahajoe, radja pageuh njĕpĕng adil, wilajat estoe abdina, lamoen radja hanteu adil, kira ngaroeksak nagara, ponggawa koedoe badami.
  7. Hatoeranan oelah kitoe, lamoen maksa bae dĕngki, nja koedoe loengsoer djĕnĕngna, milih ahlina noe wadjib, oelah datang ka nĕlasan, abdi ngarah pati goesti.
  8. Eta adat hanteu patoet, boekti tjara Gilingwĕsi, tina teu aja atoeran, ratoe ditilas koe mantri, raos koering pĕrloe pisan, mikir panoelak balahi.
  9. Eukeur baris anak poetoe, singĕtna koering pribadi, moen geus aja oendang-oendang, njaho kawadjiban diri, radja sĕpoeh langkoeng soeka, ngalahir rĕmpoeg teh teuing.
  10. Sang poetri Andaja moendjoeng, mesĕmna pinoeh koe manis, ratoening madoe sĕmoena, kareueut anoe ningali, soemawoña tjarogena, djeung seungitna ngadalingding.
  11. Lain aroem minjak roeoem, lain seungit kĕmbang gambir, ganda bidjil ti salira, seungit bidjil ti djasmani, mĕlĕbĕr angin-anginan, baoe kalĕmba kastori.
4* D