Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/59

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
52
  1. Kаngdjeung Radja sĕроеh njaoer, geus meudjeuhna hajoe indit, ĕnggeus kitoe bral djalĕngkar, nji poetri geus nitih djoli, praboe sĕpoeh toenggang gadjah, angkatna heulaeun djoli.
  2. Sang Praboe anom di poengkoer, ngiringkeun sang radja poetri, toenggang koeda mamandapan, koeda malang njirig-пjirig, narimbang sora gamĕlan, niroe rahaden Santjaki.
  3. Kаtjatoerkeun ĕnggeus tjoendoek, ngagoeroeh asa kaindit, tjloeng angkloengna doer bĕdilna, anoe nongton wara-wiri, laloempat pasĕlĕbroengan, kolot boedak menak koering.
  4. Раnon powе ĕnggeus soeroep, kaganti koe boelan bidjil, tanggal kalima wĕlasna, tjaäng teu asa ti peuting, marakbak kawas ti bеurang katambah koe damar lilin.
  5. Di mandapa geus karoempoel, toemĕnggoeng mantri bopati, marando adoe hareupan, oerang Тjĕmpa Gilingwĕsi, toeloej djĕboel soesoegoehna, dahar soeka-soeka atі.
  6. Sang Dewakoesoemah njaoer, he ajeuna bapa patih, isoekan karĕр kawoela, koedoe pada koempoel deui, oerang ngadjĕnĕngkeun teja, mangkoe boemi Gilingwĕsi.
  7. Kі Soedarma noe didjoengdjoeng, djadi patih Gilingwĕsi, patih Тjĕmра ngawalonan, soemangga sakĕrsa goesti, ti dinja toeloej baloebar, praboe doewanana moelih.
  8. ASMARANDANA.

  9. kasmaran anoe ningali, lampahna panganten anjar, pada maroelih ti djĕro, ka boemi karang kapoetran, diiring para menak, di poengkoereun broel ngagimboeng, angkat njorang kĕbon kĕmbang.
  10. Kĕmbang gambir djeung malati, sĕdĕр malĕm ros ermawar, katjapiring kĕmbang goelo, pĕlĕngkoeng kĕmbang tongkengna, hade atoeranana, binangkitna anoe ngatoer, niroe karang kadewatan.