Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/61

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
54
    sakabeh pгabot-prabot, paranti angkatan menak, lampit epok djeung toembak, kjahi patih njĕmbah matoer, soemangga kĕrsa gamparan.
  1. Kі patih natakeun mantri, dibawa ka palinggihan, sakabeh ĕnggeus ngaderes, hanteu pasĕlang loenggoehna, sapangkat-sapangkatna, toemĕnggoeng pada toemĕnggoeng, dĕmang baris pada dĕmang.
  2. Ngabeui pada ngabeui, rangga djadjar pada rangga, lengser beres pada lengser, mantri Soedarma di tĕngah, praboe anom ngandika, he sakabeh pra toemĕnggoeng, rangga dĕmang kandoeroewan.
  3. Ijeu ki Soedarma mantri, djadi patih noe mapatah, mantri Gilingwĕsi kabeh, poma pada koemawoela, djeung diganti djĕnĕngan, ditĕlahkeun koedoe sĕboet, kalana Soeraloedira.
  4. Вasa soera eta wani, loedira gĕtih tĕgĕsna, djalma leber koe wawanen, djeung toeloej dimakoetaän, tanda mangkoe nagara, sarta didjoengdjoeng ka loehoer, dibedakeun ti noe reja.
  5. Тjalik dina korsi gading, dikĕрĕlan koe parĕkan, ejar mantri noe ngawaloen, ngistrenan djoemĕnĕng menak, djĕdoer marjĕm disada, gĕr tatabeuhan ngagoeгoeh, para ponggawa ngoendjoengan.
  6. Soesoegoehna ĕnggeus bidjil, walatra sakabeh dahar, ĕnggeus kitoe boebar bae, patih Gilingwĕsi anjar, moelih ka pakoewoña, dipajoengan pajoeng agoeng, diiring epok lampitna.
  7. Тatjan kawidijan moelih, rek diwoeroek heula tata, tataning ngaheujeuk gawe, katjatoerkeun ĕпggeus lila, meunang satĕngah boelan, oenggal peuting sok diwoeroek, tataning mangkoe nagara.
  8. Dina peutingan rek moelih, ki patih Soeraloedira ngadeuheus ka Praboe anom, diiring koe ponggawana, sĕdjana rek pamitan, sarĕng namatkeun piwoeroek, woelang salamĕt nagara.
  9. Ditjalikeun dina korsi, ditjandak tjalik satata, ngandika