Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/62

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
55
    sang Praboe anom, kakang patih wĕkas koela, poma oelah ditinggal, piwoeroek anoe kapoengkoer, malar salamĕt nagara.
  1. Меnak tjara sirah tjai, samangsa kiroeh sirahna, ka hilirna kiroeh bae, oepama ti girang herang, ka hilirna ge herang, djeung deui moenggoeh noe agoeng, indoeng bapa sanagara.
  2. Kоеdoe wĕlas koedoe asih, oelah bosĕnan miwĕdjang, koedoe kersa olok tombok, narekahkeun tjatjah-tjatjah, roegina mangke moeloeng, kaoentoengan dajeuk woewoeh, ana geus mamроеh tjatjahna.
  3. Noe djadi menak oepami, djalma anoe ngingoe koeda, koedoe gĕten djeung toelaten, soepaja lintoeh koedana, djadi tĕtĕр bĕdasna, ana koeda koerang njatoe, tangtoe hengker tanagana.
  4. Ngingoe koeda koerang hasil, ana koerang toelateña, ditoempakan tereh mopo, toengtoengna leumpang badarat, nja kitoe deui menak, lamoeña koerang hasil boemi, talikoer djadi koerang.
  5. Di menak wadjibna adil, ari harti adil eta, ngagandjar ka djalma hade, njiksa ka djalma noe salah, tapi sanadjan salah, njiksa oelah ngoembar napsoe, koedoe satimbang dosana.
  6. Reudjeung ari sarat adil, koedoe kĕrsa raragĕman, mirĕmpoeg lampah abdi teh, nimbang dosa djeung siksaän, ana koerang rĕmpoegna, njiksana sarta djeung napsoe, kaliwat tina dosana.
  7. Меnak-menak koedoe sĕngit, kana kalakoewan salah, tjara njĕret reudjeung maen, maling atawa maehan, eta opat prakara, tangtoe poepoetjoeking roesoeh, alamat nagara roeksak.
  8. Марап ĕnggeus aja boekti, radja Gilingwĕsi teja, salakoe lampahna goreng, moengkoer tina kahadejan, eta kitoe toengtoengna, dajeuh koesoet sarta roesoeh, poma kakang masing jatna.
  9. Раtіh anjar Gilingwĕsi, ngawalon barina njĕmbah, soemoehoen pisan kahartos, lĕrĕs sadawoeh gamparan, taja pisan loepoetna, ngan moegi aja pangestoe, simkoering wĕrat пoeroetan.