Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/63

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
56
  1. Keur pasĕdjaän sim koering, didamĕl pisan toeladan, piwoeroek gamparan kabeh, sĕdja diestikeun pisan, Praboe anom ngandika, kakang soekoer lamoen kitoe, sing jasa njandĕt amarah.
  2. Oelah kena djadj goesti, tingkah sakawĕnang-wĕnang, ngadolos bae kahajang, lamoen kagoengan kasoekan, oelah noe matak soesah, ngoesoetkeun ka oerang lĕmboer, ngaroegikeun ka ponggawa.
  3. Ngarisikeun para mantri, koedoe saroewa meunangna, andjeun soeka koering atoh, tatapi hese katjida, kalampah radja-radja, napsoena anoe digoenggoeng, amarah noe diangonan.
  4. Kadjeun soesah anoe leutik, sok moen andjeun soeka manah, lamoen kitoe pĕtana teh, poepoetjoek nagara roeksak, eta moenggoeh di radja, moen hojong loeloes rahajoe, lampah kitoe disingkiran.
  5. Djeung deui moenggoeh di goesti, oelah koerang ngamanahan, misahkeun hade djeung goreng, koedoe masing bejak pisan, karana loembrah djalma, lamoen dipriksa koe ratoe, arang aja anoe waktja.
  6. Pioendjoekna sok dihalik, hidĕng disĕboetkeun bodas, tĕgĕsna sanadjan goreng, pioendjoekna sae pisan, eta kitoe loembrahna, ngalap soekamanah ratoe, hanteu ngingĕtkeun tĕmahna.
  7. Tapi lamoen ratoe soerti, manahna tĕgoeh laksana, teu beunang diolo-olo, abdina meureun prajatna, lamoeña dipariksa, sawaktjana kapioendjoek, bodas dihatoerkeun bodas.
  8. Hade goreng lampah abdi, bidjil ti watĕk radjana, moen radja rĕrĕs di olo, abdi bohong salawasna, salingkoeh sapandjangna. toengtoengna moenggoeh di ratoe, dibobodo saoemoerna.
  9. Matoer patih Gilingwĕsi, lĕrĕs pisan salahiran, adatna radja bareto, jaktos kitoe nanakĕran, dipalsoe salamina, malah basa rek ngaroeroeg, ngoempoelkeun heula ponggawa.