Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/64

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
57
  1. Djoeroe bade djoeroe oendi, kebeh pada dipariksa, pikĕrsaeun ngaloeroeg teh, sadaja sami hatoeran, pada nangtoekeun meunang, geus katorah dina toendoek, apĕs moesoeh djaja oerang.
  2. Djoeroe bade djoeroe oendi, soemawon para ponggawa, pioendjoekna kitoe bae, pada ngaboeboengah manah, ngan poen lantjeuk sorangan, anoe nĕmahan ka ratoe, mondah pikir saĕnjana.
  3. Reudjeung deui masing eling, oepama aja ponggawa, karĕsĕpna sok migoreng, mioendjoek salah kantjanĕ, djeung mihade dirina, salah manehna dikandoeng, dosa batoerna didadar.
  4. Eta tanda djalma dĕngki, oelah pati dilindeukan, anggoer koedoe dipikapok, bisina mawa baroentak, reja radja tjilaka, lantaran tina ngagoegoe, pihatoer ponggawa tijidra.
  5. Moenggoeh di radja teh wadjib, sadija pakarang pĕrang, bĕdil toembak pĕdang pestol, baris ngaraksa nagara, tapi leuwih wadjibna, kagoengan rewang pirĕmpoeg, ponggawa anoe sampoerna.
  6. Nadjan reja toembak bĕdil, moen taja mantri oetama, nja tatjan sampoerna bae, pakarang teu bisa molah, lamoen hanteu koe djalma, nadjan djalma hanteu oeroes, lamoen hanteu koe atoeran.
  7. Anoe ngatoer eta boedi, beresna djeung kapintĕran, noe matak moenggoeh radja teh, koedoe kagoengan ponggawa, noe pintĕr bidjaksana, anoe poerah ngoeroes lakoe, soepaja reudjeung atoeran.
  8. Anoe tinggal tina boedi, tangtoe djadi kabeuratan, oepama padati bae, tjoba roedjad kikipingna, tangtoe tambah beuratna, tandaning atoeran koedoe, anoe beurat djadi hampang.
  9. Salijan ti dinja deui, naon-naon kalakoewan, atoeran soepaja enteng, noe matak moenggoeh di menak, koedoe ngamanah-manah, malar tjatjah enteng oentoeng, toengtoengna moekti di menak.