Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/67

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
60
    ĕnggeus boekti, kawoela ijeu noe nanggoeng, patih Soeraloedira, ngawalon soemoehoen goesti, moenggoeh abdi darma djadi wawajangan.
  1. Pangeran Dewakoesoemah, djeung ki patih Gilingwĕsi, paoengkoe-oengkoe doewaan, tjalik dina korsi gading, dongkap ka tĕngah wĕngi, misaoer elmoening ratoe, hempak para ponggawa, mantri-mantri Gilingwĕsi, soeka ati pisan ngoepingkeun piwĕdjang.
  2. Patih Gilingwĕsi njĕmbah, manawi paidin goesli, koering soemĕdja moendjoengan, sĕdja.boedal peuting-peuting, Praboe anom ngalahir, kakang mangga oerang moendjoeng, sarĕng koela wĕwĕkas, lamoen mangke geus papanggih, poen Andaka poma oelah dipaehan.
  3. Kintoenkeun ka dijeu enggal, kawoela hajang papanggih, patih Gilingwĕsi njĕmbah, soemangga sakĕrsa goesti, toeloej sri Gilingwĕsi, moendjoengan pamitan moendoer, kabeh para ponggawa, mantri-mantri Gilingwĕsi, pada moendjoeng geus kitoe kabeh baroedal.
  4. Tambah gĕgĕk dajeuh Tjĕmpa, anoe tani soegih moekti, anoe dagang beurat beanghar, soemawoña para mantri, kongas kamana mĕndi, dajeuh Tjĕmpa. woewoeh gĕmoeh, moerah sandang djeung pangan, noe leutik taja karisi, didjeudjeuhkeun koe menak lakoe-lampahna.
  5. Praboe anom miwarangan, njaoer aki djoeroetani, hanteu lila djĕboel datang, barĕng djeung nini sakali, ngadeuheus indit sirib, anak intjoe sarta boejoet, pada mawa tanggoengan, taleus djagong reudjeung hoewi, roepa-roepa paseba ti oerang hoema.
  6. Di boemi karang kapoetran, pinoeh semah oerang sisi, iridan ki pangĕbonan, sĕmoena kaget teh teuing, neuleu parabot boemi, pĕti panganten haroeroeng, soesoen patoempang-toempang, eunteung gĕdena ngahapit, sĕmoe doesoen mando djeung nanggeuj gadona.