Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/68

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
61
  1. Sili towel djeung batoerna, nanggeuj gado bari ngapi, neuleu kalangkang sorangan, dina eunteung eukeur ngopi, sili tjiwit djeung seuri, towal-towel toendjak-toendjoek, Praboe anom ngandika, bageja aki djeung nini, bĕrkah aki koela aja oge bagdja.
  2. Аki reudjeung nini njĕmbah, didjoengdjoeng pisan koe aki, moegi salira gamparan, montong eling kana moelih, tĕtĕр nja dipigoesti, di Тjĕmpa djoemĕnĕng ratoe, kabeh para ponggawa, soemawoña abdi-abdi, sami soeka diratoewan koe gamparan.
  3. Praboe anom ngawalonan, koela ge hanteu rek balik, lamoen tĕtĕp dipimanah, koe kangdjeng rama narpati, matoer ki djoeroe tani, soekoer goesti lamoen kitoe, mĕnggah rama gamparan, tangtoe mimanah teh teuing, wantoe-wantoe teu kagoengan deui poetra.
  4. Тоеloej Paraboe anom njandak, panganggo sarawoeh doewit, maparin ki pangĕbonan, atoheun aki djeung nini, пgan meunang doewa peuting, geus kitoe pamitan moendoer, aki nini saroeka, boga keur ngaitkeun pikir, djoeroe tani ngawoelana torodjogan.
  5. Раngeran Dewakoesoemah, oenggal-oenggal sĕnen kĕmis, magĕlaran koekoempoelan, djeung kabeh ponggawa mantri, mirĕmpag hal prakawis, moetoeskeun noe padoe-padoe, langkoeng kĕrtaning djaman, taja rampog arang paling, Praboe sĕроеh ka mantoe woewoeh asihna.
  6. Praboe anom ras kelingan, kĕr basana moerang kalih, ras ka iboe ras ka rama, njoeroeloek tjisotja bidjil, kaget poetri ningali, jen raka nangis njoeroeloek, poetri naros ka raka, koe naon kakang teh nangis, diwalonan ingĕt ka djaman baheula.
  7. Ras ka iboe ras ka rama, kakang geus lawas teh teuing, nja ninggalkeun imah tangga, ajeuna kakang geus moekti, tina lantaran njai, disĕmbah diagoeng-agoeng, ari iboe djeung rama, di Sokadana prihatin, sarta mĕdĕng kakang hanteu meunang bedja.