Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/69

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
62
  1. Geus poepoes atawa tatjan, soeka atawa prihatin, kitoe anoe matak kakang, nalangsa tjimata bidjil, nji poetri miloe nangis, doewaän patingsalĕgroek, ki Djanggali Djanggala, loewa-lĕwe ngiring tjeurik, Praboe anom ngalahir ka ki Djanggala.
  2. Раgeto maneh Djanggala, leumpang mawa soerat aing, sarta reudjeung kikiriman, hatoerkeun ka ama patih, panganggo reudjeung doewit, baris ka ama djeung iboe, tapi maneh sorangan, montong barĕng djeung Djanggali, aing keueung ditinggal koe doewanana.
  3. Kі Djanggala tjedok njembah, koering teu kadoega teuing, leumpang sakitoe djaoehna, ngan woengkoel koering pribadi, teu mawa batoer hidji, njorang leuweung meuntas laoet, djeung asoep panistaan, moen koering manggih balahi, mowal aja pisan djalma noe noeloengan.
  4. Вalik salira gamparan, mowal sĕpi mowal risi, disĕmbah koe sadjadjagat, abdi awewe lalaki, Praboe anom ngalahir, eta bĕnĕг ĕnja kitoe, tapi sanadjan reja, panakawan sedjen deui, ka maneh mah doewaän mowal katalang.
  5. Аri pibatoereun teja, eta bae djeung Bramani, oetama kabina-bina, meureun pada bela pati, bejak pĕrtjaja pikir, ki Djanggala njĕmbah matoer, lamoen sareung eta mah, koering oge hanteu risi, toeloej bae njaoer ki Dĕmang Oerawan.
  6. Наnteu lila djĕboel dongkap, ngadeuheus ka linggih goesti, njaoer sang Dewakoesoemah, he adi Daheng Bramani, lamoen геumроеg djeung pikir, taja halangan di poengkoer, ajeuna kakang nitah, mawa soerat djeung kikirim, djeung Djanggala ka nagara Sokadana.
  7. Ngawalon dĕmang Oerawan, salamina djisim koering, ngan ngantos-ngantos timbalan, taja deui noe dipikir, ti bеurang djeung ti peuting, ngan sĕdia manggoel pioetoes, oelah moen wates lara, sanadjan dongkap ka pati, hanteu pisan koering rek moengpang timbalan.