Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/73

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
66
    ka garwana misaoer Pandji, njai nineung katjida, ka ki Pandjiwoeloeng, ĕnggeus sakijeu lawasna taja bedja, ngan eukeur anjaran indit, bedja maehan adjar.
  1. Kа tjaroge ngawalon nji patih, koela kakang tadi meunang bedja, ti sodagar dagang tjinde, poelang ngoembara djaoeh, bebedjana teu pati sidik, ngan aja hawar-hawar, di Тjĕmpa sang praboe, mantoewan ka noe ngoembara, asal tina gandjaran meunangkeun poetri, eta kitoe bedjana.
  2. Тĕrka koela soegaña ki Pandji, tjarogena ngawalon ka garwa, lamoen poegoeh kitoe atoh, sabot keur goenĕm tjatoer, raden patih reudjeung nji patih, ki Djanggala hol datang, ki Daheng teu kantoen, koe ki patih geus katingal, tapi raden patih ka Djanggala pangling, hanteu enggal disambat.
  3. Kі Djanggala njĕmbah bari tjeurik, ijeu koering poen Djanggala teja, koe raden patih dirontok, mana si Pandjiwoeloeng, reudjeung adi maneh Djanggali, Djanggala ngawalonan, ari Pandjiwoeloeng, aja di nagara Тjĕmра, ĕnggeus djĕnĕng praboe anom njakrawati, sim koering dipiwarang.
  4. Маwa sĕrat sarĕng djeung kikirim, ka gamparan panganggo djeung harta, ka raji nja kitoe keneh, sarĕng ka nji mas Toendjoeng, raden patih soemĕgroek nangis, njai patih midangdam, nji Toendjoeng soemĕgroek, di pakoewon kapatihan, rame tjeurik oerang pawon eusi boemi, tina bawaning waãs.
  5. Kі Djanggala sarĕng ki Bramani, ngahatoerkeun sĕrat djeung kintoenan, koe ki patih geus diilo, nangis bari djeung imoet, tina soeka kawanti-wanti, nji patih miloe matja, sĕrat Рandjiwoeloeng bari rambaj tjisotjana Toendjoengsari, njisih masang geus tarapti, toeloej ngarijoeng dahar.
  6. Sanggeus beurang kaganti koe peuting, ki Oerawan, geus ditĕtĕbahan, dipĕrnahkeun hade-hade, soeka garoenĕm tjatoer, noe ditjatoer lalakon Pandji, tina mimiti angkat, taja noe kalaroeng, lĕbah Pandji nĕwĕk adjar, raden patih goemoedjĕng sarĕng nji patih, tina bawaning poewas.